SHALAT

Kopeah Kembang Jengkol, Khas Betawi Jeung Ududna


SAMPURASUN 
Mugia rahayu sagung dumadi


Bubuka Carita:
Shalat hiji kawajiban pikeun jalma anu tos aqil baleg (tos nyumponan yuswa 15 taun kangge pamegeut, biasana ditandaan ku ngarasaan ngimpi baseuh. Upami Istri parantos kaluar haid). Shalat umumna dilakukeun sapoe sapeuting seueurna 17 rokaat dilakonan unggal poe sesuai katentuan jadwalna. Tiap wilayah beda-beda (pribados linggih di Ibukota DKI Jakarta, bagian Kaler tiap ganti tanggal pasti beda menitna). Jadwal kiwari di tanggal 07 Januari 2020. Shalat Shubuh (04.22), Shalat Dhuhur (12.02), Shalat Asyar (15.28), Shalat Maghrib (18:16), Shalat Isya (19:31). Dina perbedaan setiap jam, Menit sareng detikna dina ngadegkeun shalat tangtu Alloh SWT nyimpen hikmah kanggo urang sadaya (mangga di diregepkeun/ditalungtik kunyalira). Pengertian SHALAT saur Ulama Muta'nabin shalat teh dibagi tilu hurup "SHAD - LAM - TA", naon hartosna?, mangga urang guar bae oge urang hartoskeun ngangge siloka kolot urang baheula.

Buka Siloka:
1. SHAD (Shidqul Qouli)
"Lonjor teu meunang dipotong pondok teu meunang disambung". Hartosna upami nyarios teu kengeng di hijikeun sareng kabohongan, pami benar ceuk benerna, salah ceuk salahna, lain ceuk laina, nyariosna pas teu kurang teu leuwih, ieulah ciri-ciri jalma nu sholat  

2. LAM (Layinul Qolbi)
"Leuleus Jeujeur liat tali". Lemah lembut hatena, nulung kanu butuh nalang kanu susah, mere kanu keur menta, ramah-tamah, sopan, santun, dedepe-dedepe, handap asor, teu adigung-adiguna, teu sombong, sirik, pidik, jail, kaniaya, merege hese cap jahe. tah et ajalma nu sholat mah.

3. TA (Tartil Ma'asyi)
"Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna". Ngajauhkeun niat tina pi'maksiateun, pi na kedah di jauhkeun komo maksiatna., janten kedah ngajauhkeun sagala rupi maksiat nu aya di diri urang oge laku-lampah anu teu mangfaat kanggo ka batur. Ceuk katerangan "shalat bakal nyegah kana kamungkaran", narima cocoba gunakeun sabar jeung shalat enggoning narima sagala rupi cocoba sabab jalma nu sobar bakal meunang welas jeung asihna Gusti nu Maha Suci (Alloh SWT).

Sholat hakekatna cerminan kahirupann urang sapopoe, mulai tina niat, ucap, laku-lampah, sikap oge sakabehna nyurup dina eusina shalat, pang hanjakalkeun ku jalma nu lalay tina shalatna sakumaha dawuh Allah SWT "Cilaka keur jalma anu ngalalaikeun sholat" di tingal tina kalimat eta nu ngajalankeun shalat wae cilaka kumaha anu teu ngajalankeun?. Tapi sagala rupa tingkah polah manusa teu bisa di dikte sabab sakabeh manusa gaduh proses mungguhing hirup di alam dunya, hak Alloh kanggo usik malikna jalma pun kitu oge naekna darajat manusa mungguhing Allah. Urang Sunda anu mupusti karuhun, ngahormat sakumna katurunan anu baris ngaping jeung ngajaring nepi ka saumur ayeuna, hirup jeung kahirupan ku syareatna: Indung, Bapa, Aki Nini, Bao, Janggawareng, Kakait Siwur, Udeg-udeg, Katuncar Mawur, Parapak Galeng, Leg buleneng, Hare-hare (12 turunan anu kaharti). Tos ngawariskeun sifat masing-masing oge didikan anu katampi ku urang anu saterasna urang janten jalma dina sifat jeung patekadan sewang-sewang. Dina hal ieu "ngajenan/bakti" ka Indung sareng ka Bapa hiji kawajiban anu mutlak salain ibadah shalat.


Makna ngajalankeun hirup jeung kahirupan hakekatna anging ku Gusti Nu Maha Agung (Allah SWT), gerak, ucap laku jeng lampah urang teh digerakeun, anjeuna nu tiasa mulak-malikeun hate sakumna mahluk hirup utamina "Manusa" nu disebat dina katerangan mahluk Alloh nu diciptakeun paling sampurna. Kang Jeng Rosulullah Muhammad SAW, oge Kang Jeng Nabi Adam as mangrupa conto kanggo hirup jeung kahirupan manusa (Dzat, Sifat, Asma, Af'al) awal tina kahirupan lalakon perjalanan Allah-Muhammad-Adam, anu disebat Ma'rifat Alam Tujuh asal Kuring jeung Kurungna, Jisim jeung Jirimana, ruh jeung jasadna (dadasar elmu anu kapendak).


Eta carita zaman baheula, jaman kiwari lahirna jabang bayi ka alam dunya kusabab cukang lantaran Indung sareng Bapa, indung parawan bapa bujang urang geus aya ku sirr'na, ngaliwatan ku kersaning maha welas, maha asih nyaeta Gusti Nu Maha Agung (Alloh SWT), dua manusa anu berlainan jenis ngahiji ngaliwatan pernikahan(Ijab wal qobul) saksi nu pasti pikeun medarkeun turunan dinya aya proses anu luar biasa dzat jeung sifat ngahiji janten jabang bayi anu bakal katingal mangfaatna jaga enggoning pageto. Hamparan asal pidampaleun manusa, dadampal asal adegan manusa, akar asal urat manusa, tangkal asal bitis manusa, daun asal leungeun manusa, cangkang asal kulit manusa, ati asal jeroning manusa, mata heulang asal panon manusa, darah anu jadi cahaya (tangkal pare hirupna ku opat unsur) ngajadikeun Wani, Madi, Mani, Manikem ngahiji jeung indung telur ku "kanyaah indung sareng bapa", oge pastina hakekat ku kersaning Alloh SWT. KUN, "janten", FAYAKUN "maka janten" sakumaha kaayaan urang ayeuna.



Cag ahh...
Sakitu wee heula anan caritana.
Hapura lahir sinareng bathin, salahna ti diri Abah pribadi, atuh bener ku kersaning Alloh SWT.

"Hayam kate, hayam boiler. Kuring cape hayang molor".
Share:
Lokasi: Indonesia
spacer

1 komentar:

Silahkan berkomentar sesuai dengan TOPIK.
Terima kasih........