Naon nu di maksad Jagad Shagir?


SAMPURASUN DULUR
Mugia rahayu sagung dumadi

JAGAD SHAGIR: Alam leutik atanapi alam microcosmic (micro=leutik, cosmic sarupaning bagian tina alam maya/dunya/kahirupan anu leutik). Upami ku urang dilenyepan/ditalungtik jagad shagir sami sareng alam anu aya di diri urang mangrupa bagian/gambaran alam dunia (Jagad Khabir), naon bae bagian-bagian anu disebat Jagad Shagir. Dauh Alloh "Alloh teh aya dina hate jalma anu beriman". Jalma nu Iman teh nyatana anu percanten kanu goib, ngerjakeun parentah Alloh (shalat) oge anu nafkahkeuh sabagian rejeki anu katampi (Q.S Al-Baqarah 2:3).

Manusa kacipta tina opat unsur, hiji ruh idofi (Nur Allah, anu sok nyaritakeun "Bener") nu opat unsur sarupaning saripati alam (angin, cai, seuneu jeung taneuh) opat eta ngawakilan nu aya di Jagad Khabir. Urang lenyeupan kajadian manusa di alam rahim samemeh janten jabang bayi ngawitan tina cai mani sareng ovarium (Indung Telur) anu aya di salebeteun tulang balung bapa sareng anu aya dirahim ibu, salajengna janten segumpal darah ngagedean janten ngabentuk anatomi manusa (mata, ceuli, ceupil, baham, leungeun, suku, paru, peujit, jantung, hati daging kulit dugi ka tulang rawan laju dibungkus ku cai ketuban kanggo kahirupan jabangbayi) saatosn 140 poe eta jabang bayi usik kusabab di teiupkeun ruh idofi ku anu kagungan usikna manusa (Alloh SWT).

Urang malikan deui kana asal-usul cai mani sareng Ovarium (Indung telur) nu aya di salebeteun Indung sareng bapa, ieu kajadian teu teubih tina tuangeun anu di tuang ku indung sareng bapa nya tina tuangeun ieu sarupaning sangu (pare), ari pare hirupna ku opat unsur anu aya di Jagad Khabir nya eta (cai, angin, seuneu jeung taneuh) dina hamparan taneuh di bantos ku 3 unsur tadi nya si pare teh hirup dugi ka janten tuangeu indung bapa urang sakumna manusa khusus kanggo konsumsi bangsa urang.

Ngahijina cai mani sareng ovarium tadi ku kersaning Alloh SWT, oge kanyaah ibu sareng rama ngabuah dina rahim indung. Kusabab eta aya istilah kolot jaman kapungkur "Indung tangkal rahayu Bapa tangkal darajat. Munjung kudu ka Indung Muja kudu ka Bapa. Sabab rohman jeung rohimna Gusti Allah gumantung kana kanyaah Indung sareng Bapa dina raraga hirup di alam dunya mangkade kedah tiasa ngajaga rasa jeung perasaan Indung sareng Bapa. 

Sabab gusti moal ngahampura dosa lamun teu aya ridho ti Indung sareng Bapa janten indung bapa teh Gusti anu katingal (nanging Dzat gusti mah teu tiasa disamikeun sareng naon bae oge) didieu urang kadang-kadang sok kasamaran tingal leuwih ngajenan nu sejen katimbang Indung sareng Bapa, tah ieu anu disebat kuatna pangaruh saripati Alam Khabir (Lingkungan) nu aya di diri urang ngajadikeun hijab mindingan ruh idofi nyaeta geretek qolbi anu marentah "Bener" na, numatak Kang Jeng nabi contoh anu ku urang kedah dipiconto dina sifatna nyaeta "Sidiq, Fathanah, Amanah, Tablgh" dina sifat eta muncul julukan "Al-amin" (nu bisa di percanten) karek hirupna bener bakal panggih sareng gustina "Man Arrofa nafsahu faqod arrofa robahu, waman arrof anafsahu faqod jahilan nafsah".

Manusa kaancikan 4 katentuan nafsu (amarah, luamah, sawiah sareng mutma'inah) perbandingan na 1:3 beurat memang nu tilu sok mengkolkeun kanu sifat teu bener ngan hiji anu marentah bener kusabab kitu manusa dipasihan sir budi, akal,fikiran rasa, karsa jeung kehendak/kahayang pikeun ngalawan nu tilu tadi supaya tetep aya dina jalan "bener" (mutmainah) kusabab eta manusa mah tempat salah jeung bener kacuali Kang Jeng nabi Muhammad SAW manusa pilihan picontoeun kanggo urang sadaya.

Kumaha sangkan urang jadi "Bener"? kedah tiasa ngendalikeun 4 ketentuan saripati anu ngacik di diri urang nu tos ngajirim janten sifat nu aya di diri urang (amarah, luamah, sawiah jeung mutma'inah) sakabeh butuh perjuangan oge pengendalian diri, kontrol diri sareng petunjuk ti nu hiji nyaeta ruh idofi anu ngacik dina waruga pribadi sabab eta anu bakal nyalametkeun diri tina balai dunya wal akhirat anu sering di sebat "Qulbun Salim" tempat ngacikna ruh idofi., Urang moal tiasa ngendalikeun saripati anu aya didiri urang lamun teu berjuang sakuat tanaga mengkolkeun kahayang anu sifatna ngarugikeun boh diri pribadi oge lingkungan.

Gumuruh na cai (sunami), motahna angin (puting beliung), panasna seuneu (magma gunung api) oge goyahna taneuh (gempa) kajadian di alam khabir mangrupa gambaran nafsu sagala rupa kahayang dina diri manusa anu teu bisa di kendalikan dinya aya istilah perang anu pang aheng-ahengna nya eta perang ngalawan hawa nafsu. Saripatina tos aya didiri urang tinggal kumaha cara ngendalikeun nana boh cai, angin, seuneu jeung taneuh kusabab eta sing boga rumasa manusa mah teu bobogaan jeung ngabogaan sagala rupi anu tos disiapkeun ku alam kedah di mumule sabab alam teh bagian ti manusa rusakna alam kusabab tingkah polah manusa lamun urang ngahubungkeun ka Jagad khabir, tingal ka diri pribadi rusakna diri pribadi kusabab diri pribadi sorangan aya istilah "cilaka ku pamolah sorangan" atanapi "gusti moal ngahukum sabagian atawa sakabeh manusa iwal ti laku-lampah dirina" naha bisa kitu sabab Alloh mah maha welas maha asih (rohman/rohim) sakumaha brayna orok tina wewetengan Indung nu sakitu gedena bisa ngaluarkeun orok nu leuwih gede ti wewetengan nu jadi Ibu ku maha welas asihna gusti, gubrak orok ka alam dunya ka sinaran alam dunya kulit jeung daging orok ngagedean laju dipasihan saripati alam nya eta susu ngacik ngaraga sukma eta saripati alam dunya janten nafsu anu opet, mun lapar sok ceurik, can wareg sok roroes panangana, rasa jeung kahayangna tos ngancik dina eta orok lir ibarat kertas bodas bade di tulis naon eta orak? bade yahudi, bade nasrani gumantung kanu nulisna nyaeta ibu sareng ramana.

Cag ah. 
Pun sampun paralun anu kasuhun.


Share:
Lokasi: Indonesia
spacer

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Silahkan berkomentar sesuai dengan TOPIK.
Terima kasih........