
pohon "Raga Sakti"
SAMPURASUN DULUR
Mugia Rahayu Sagung Dumadi
Bubuka Carita:
CAKRA BUANA, katelah Mbah Kuwu Sangkan sesuai jamana linggih di Wilayah Cirebon. Upami ka Syekh Syarif Hidayatulloh (Sunan Gunung Jati) ketelahna Uwa (Istilah sunda) oge ngarangkep mitohana kusabab anak Cakra Buana ti Nyimas Kentjana Larang (Nyimas Dalam Pangkungwati) dipigarwa ku Kang Jeng Syekh Syarif Hidayatulloh. Makamna aya di gigireun makam Sunan Gunung Jati Cirebon. Carita lengkapna aya di "Naskah Serat Cakra Buana", Ki Kuwu Sangkan wafat di taun 1529 Masehi. Dimakamkeun di puncak Gunung Sembung, awalna teu jelas eta Gunung naon?, kusabab dipelakan "Tangkal Sembung" nya katelahna "Gunung Sembung".
Saacan wafat Ki Kuwu Sangkan hoyong di kurburkeun di Gunung Sembung tempat eta mangrupa salah sahiji tempat pesanggahan anjeuna nu kasebat "Astana Nur Giri Cipta Rengga" (perbukitan). Urutan kahiji makam anu aya di komplek Sunan Gunung Jati nyaeta: Makam Sunan Gunung Jati, Makam Putri Ong Tien (Asal Tiongkok, Istri Sunan Gunung Jati). Kadua nyaeta Makam Pangeran Cakra Buana. Pangeran Cakra Buana lahir di Pakuan Pajajaran, Ibuna asli keturunan "Singapura" (Kerajaan Singapura, Subang Karantjang/Subang Larang anak Ki Gedeng Tapa). Di handapeun "Astana Nur Giri Cipta Rengga" aya saluran/walungan leutik disebat "Saluran Condong/Kanal Condong" jaman eta dijadikeun kanggo Pasar Internasional Cirebon, carita Pasar Internasional cirebon dicaritakeun di "Naskah Purwaka Caruban Nagari".
Ngawitan cirebon mangrupa pelabuhan anu terkenal di jamana seueur bangsa sejen anu singgah di Cirebon, kacaritakeun aya saudagar Arab nyandak Putrina anu katelah Siti Syarifah, dipigarwa ku Ki Gedeng Tapa nya lahir putrina anu dipasihan ngaran Nyimas Subang Kerantjang (Subang Larang) geulis andalemi rupana. Nyimas Subang Kerantjang nungtut Ilmu Agama di Karawang (Syekh Hasanuddin/Syekh Quro) pikeun diajar Al-Qur'an sareng Qiro'at, hiji waktu waktos ngalantunkeun ayat-ayat suci Al-Qur'an kadangu ku salah sahiji keturunan Mahkota Galuh namina Pangeran Jayadewata (Dewataprana) nya anjeuna kataji ku lantunan eta ayat-ayat suci Al-Qur'an katambih anu ngalantunkeuna hiji mojang anu geulis, andalemi endah kawanti-wanti.
Di tahun 1427 beliau (Prabu Jayadewata) diangkat menjadi Maha Raja bergelar Sri Baduga Maharaja Ratu Aji di Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu Jayadewata. Ngahijikeun deui dua Karajaan Sunda anu papisah (Galuh sareng Pajajaran). Pernikahan Nyimas Subang Karantjang/Nyimas Subang Larang di pasihan 3 putra/i nyaeta : Cakra Buana(Pangeran Walangsungsang), Dewi Sarika Bunang (nyimas Larasantang) dan Kian Santang(Pangeran Sangara, makamna di kab. Garut). Katilu Putra/i mangrupakeun didikan Karajaan Pajajaran anu mayoritas Agama anu di anut nyaeta Hindu sareng Budha. Kusabab didikan ti Ibuna kuat condong la Agama Islamna tetep putra/i na ngajalankeun Syariat Islam (dina soal agama ngiring ka Ibuna). Hiji waktu tanpa kanyahoan ku pihak kaluarga karajaan utamina Ramana putra/i teureuh Pajajaran miang ngajugjug anu dituju Daerah Karawang (Pasantren Syekh Quro) pikeun diajar syareat Islam khusus ngahatamkeun Al-Qur'an.
Ramalan sang guru sangat menakjubkan bahwa kelak di kemudian hari Nyimas Larasantang bakal melahirkan Putra yang punjul sebagai seorang wali yang akan menyebarkan Agama Islam di Wilayah Jawa Barat, khususna Cirebon, Ibuna izin kanu janten caroge Ayahanda ti tilu putra/i supaya diajar di Kesultanan Banten pikeun khusus diajaran Syareat Islam secara serius. Nyimas Subang Kerantjang wafat di Usia 40thn, setelah wafat Ibuna katilu putra/i teureuh Pajajaran teh kaluar ti Karajaan Pajajaran eundeur dalem kerajaan 3 putra/i Pajajaran leungit lir ibarat di leugleug bumi, Ramana (Prabu Dewataprana) ngutus wadia balad Karajaan pikeun milarian putra/i na , Pangeran Cakra Buana sareng 2 Adina ngajugjug ka Kerajaan Singapur (ka Akina Ki Gedeng Tapa). Taun 1444 M Pangeran Cakra Buana sareng adina Nyimas Larasantang munggah haji ngagunakeun kapal dagang ti Pelabuhan Perdagangan Internasional Cirebon, salain ngajalankeun ibadah haji maranehna netep oge memperdalam Syareat Ajaran Agama Islam.
Nyimas Larasantang di pigarwa ku lalaki asal Mesin nyaeta Abdullah Al Zibbi Bin Jamaluddin anu nasabna langsung ka Kang Jeng Nabi Muhammad SAW. Ti pernikahan eta lahir Putra nu dipasihan Nami Syarif Hidayatulloh (kin bakal janten Susuhunan Gunung Jati, Panatagama di Tanah Jawa). Saatos netep di Mekah Pangeran Cakra Buana singgah ka Campa diajar deui syareat Agama Islam salajengna nikah sareng Putri Guruna namina Nyimas Ageng Jamaras. Ngalnjutkeun perjalanan singgah di Aceh ngadopsi putri anu namina Nyimas Ganda Sari. Sadugina di Cirebon Pangeran Cakra Buana ngadameul Padukuhan Cirebon dipiwarang ku Syekh Nurjati di taun 1445M, ti saprak eta dijantenkeun hari jadi Kota Cirebon nu diperingati setiap tanggal 1 Muharram.
Pangeran Cakra Buana diangkat janten Tumenggung (Bupati) taun 1479 ku Ramana Prabu Siliwangi, Pangeran Cakra Buana ngalantik Sunan Gunung Jati janten Raja supaya tiasa misah ti Karajaan Pajajaran tapi sateuacana miwarang ngadameul Pasantren, Sunan Gunung Jati sa'acana di taun 1404M Cirebon ngalaman babak anyar ku henteu ngirim upeti ka Kerajaan Pajajaran oge mutuskeun hubungan sareng Kerajaan Pajajaran. Kerajaan Pajajaran ngirimkeun pasukan sababaraha kali nanging gagal wae. Sapasukan jumlah 40 prajurit, hiji prajurit tiasa ngyangkala/maehan 100 jalma. Disaat nyoba merangan Cirebon para Prajurit Kerajaan Pajajaran di pasihan wejengan ku Pangeran Cakra Buana nya akhirna arabus Agama Islam. Di usia na ka 97 Pangeran Cakra Buana masih berjuang, sakabeh anu merangana teu karuateun kamasuk adipati sa-pajajaran tiasa di taklukeun ku anjeuna.
Cag Ahh.
Pun sampun paralun anu kasuhun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
Silahkan berkomentar sesuai dengan TOPIK.
Terima kasih........