![]() |
"Keur Udud" |
SAMPURASUN
Mugia rahayu sagung dumadi.
Urang ngobrolkeun ngeunaan "Manuk Tikukur".
Kocap kacarita:
Tikukur boga ngaran sejen nyaeta Derkuku atanapi Deruk aya oge anu nyebut Manuk Klangenan sorana lumayan teu sapopuler manuk perkutut atanapi manuk anu biasa sok dijadikeun perlombaan. Manuk ieu ceunah mah ngabogaan kakuatan goib (mistis), oge sabagian jalma ngabejaan bakal ngabawa kauntungan keur nu ngukutna (walahu alam bi'showab). Cirina nyaeta anu boga sora tungtungna "Kuk"na dua kali atanapi "Kuk"na tilu kali". Tapi omat ulah neangan nu sorana leuwih ti tilu kali "kuk"na (kuk...kuk..kuk..kuk..) eta tandana manuk teh keur kabuhulan alabatan ngakan jangkrik gede teuing, hehehehe ....
Meunangkeun manuk tikukur anu boga sora "Kuk"na dua, atanapi "Kuk"na tilu kali", beuheuuu pohara jasaaa lain usaha anu gampang nyana ceng!?, sabab cukup langka ayana manuk samodel kitu lamun urang lain bagiana mah atawa kaberenehan(tos rejekina) moal meunang. Aya oge nu ngajual ngan hargana cukup muahal, dumasar eta manuk kasebut langka(manuk anu boga sora samodel kitu). Kusabab eta Manuk Tikukur langka paminat di banding manuknu sejen samisal Muray, lovebird, cicakrowo jeung sajabana, tapi anu faham mah didasarkeun yen manuk tikukur teh boga kaistimewaan teu weleh we aya anu mulasarana.
Ka Istimewaan Manuk Tikukur teh diantarana:
1. Manuk Tikukur nu soraan tungtungna "kuk" dua atanapi tilu kali bisa ngadatangkrun hawa "Aura Positif" (narik kauntungan sareng masalah rejeki)
2. Ngabentuk energi positif keur pangasihan, katingtriman rumah tangga ku ayana sora eta manuk. (ku kersaning Allah)
3. Mancarkeun aura positif kanggo kawibawaan oge tiasa nyinglarkeun energi negatif pikeun werejit, guna2, santen oge elmu hitam.
Geura urang logikakeun ku ngadanguna eta sora Manuk Tikukur boh anu dua atanapi tilu "Kuk" di akhirna tiasa nentramkeun hate jeung fikiran. Tah dina katentraman hate jeung pikiran bakal ngancik kejernihan fikir muncul idea2 kreatif wal hasil bakal ngahasilkeun karya, tina karya bakal ngahasilkeun rejeki, rejeki anu halal mawa aura positif kanggo kahirupan kaluarga mun tos kitu tiis ceuli herang mata, ibadah ka Alloh SWT oge bakal husyu, dimana tos husyu ibadah ka Alloh, sabudeureun lingkungan anu ku urang dicicingan bakal ngaluarkeun nimbulkeun energi positif, setiap energi positi bakal nangkal sagala rupa werejit, guna2 , teluh, santet jeung elmu hitam.
Carita di luhur mangrupa motivasi, sagala rupana oge gumantung ku kersana Gusti (Allah adzawajalla) oge ku ka ikhlasna urang salaku manusa. Alloh SWT masihan kaleuwihan kanggo dadameulana (manusa, sato jeung tatangkalan) tah palebah eta urang tetep kedah percanten kana kakuatan Hyang Maha Tunggal nu gaduh alam dunya, akherat, sorga katut naraka.
Cag ahh...
Pun sampun paralun anu kasuhun, tabe pun.
Hayam kate dina bilik, kuring cape hayang balik.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
Silahkan berkomentar sesuai dengan TOPIK.
Terima kasih........