Awaluddin Marifatulloh

NurCahya, CahyaNur

SAMPURASUN 
Mugia Rahayu Sagung Dumadi.



Bubuka carita:
Ngawitan ngagem agama teh kedah wawuh heula ka Gustina. Naon ari hartos na "Agama"?, hartosna agama teh "Salamet" atawa "teu kacau" (A=henteu, Gama= kacau) janten agama sami sareng salamet atanapi henteu kacau. Agama di turunkeun ku Gusti nu Maha Agung pikeun Ageman/Pedoman/Aturan kanggo manusa pirang-pirang hirup di alam dunya (pangumbaraan). Kumargi kitu setiap agama di turunkeun pacogregan baris anu bade dilakukeun ku manusa kedah di tebihan supados salamet enggoning hirup babarengan dialam dunya oge ngahargaan ka mahluk sejena (sastoan jeung tatangkalan oge mahluk gusti anu teu katempo-goib). Satiap ajaran agama kedah gaduh kitab sucina sewang-sewang anu dijantenkeun acuan pikeun Ageman/Pedoman/Aturan kanggo kasalametan penganutna oge sakabeh agama tangtu miwarang bener, tapi sabalikna aya "agama" mengpar tina katentaun aturan/ajarana kitab sucina jelas ieu sanes agama anu bakal nentremkeun kahirupan umat beragama khususna masyarakat umumna bakal timbul pacogrekan tah ieu teu luyu sareng "Kocap Agama".


Anu ngagem Agama sadayana oge hoyong bener tur salamet sabab kanyataan dina hartosna nyaeta "Salamet", nanging urang kedah tiasa ngabedakeun dina katentuan medarkeun ajarana. Nu janten pacogregan salami ieu nyaeta "ajarana" sakur di talungtik ku pamikiran manusa (direka-reka, ngahartoskeun nyalira, teu ngaggo katentuan nu sejen nu luyu sareng katentuan) nu akhirna parebut dalil saling ngaklem ieu bener itu bener, sabab dina hal aturan kitab suci tos anjeg panceg sabab datangna ti anu kagungan (Alloh SWT) ngaliwatan para nabi jeung rosul. Dina palebah kanu teu tanggung jawab tiasa wae salah ngahartosakeun/disalah hartoskeun dina ajarana. Sedengkeun ajaran anu muncul dina kitab suci dihasilkeun tina ucapan wahyu nu Maha Agung, wahyu ieu dirangkum janten bab "ajaran" saterasna di pasihan hak patent dina bentuk kitab suci sepertos Kitab Taurat, Kitab Jabur, Kitab Injil, Kitab Al-qur'an. Tangtos sakabeh aya hubungana antar kitab awal (awal wahyu diturunkeun) dugika kitab terakhir, nu akhirna disampurnakeun ku turuna kitab anu terakhir (Al-Qur'an Nur Kariim) ngaliwatan Kang Jeng Nabi Muhammad SAW salaku Nabi/Rosul panutup ti sakabeh nabi/rosul nu kasebat dina katerangan aya 25 Jalmi.


Setiap ajaran tangtos aya namina, tah nami ieu anu ngabentenkeun tina hartosna "Agama" misalna Budha, Hindu, Keristen, Islam oge Kepercayaan. dina kocap "Agama" tadi bakal aya sautik bedana (mangga lenyepan ku para wargi). Agama datangna langsung tinu kagungan (Allah SWT) anu tos ngancik/diajarkeun ka masing-masing mahlukna anu dipercanten tos ngalaman cocoba luar biasa. Janten nu ngabedakeun si itu Budha, si ieu Hindu, si eta Kristen, maneh mah Islam nyaeta "ajaran" oge dina eta ajaran aya aturan nu diyakinkeun ku masing-masing pemelukna/kersana sabab manusa lahir ka dunya tos mawa agama gumantung Ibu/Ramana sareng lingkungan tah ieu anu bakal ngarubah hade gorengna manusa, bade ka katuhu bade ka kenca atau tetep jalan di tempat. "Jabanng bayi lir ibarat kertas "bodas", bade ditulis kumaha bae eta murangkalih, bade Majusi atanapi Nasrani gumantung ka Ibu/Ramana.


Islam ngadung hartos "Salamet", pun kitu oge "Agama" ngandung hartos "Salamet/heunteu kacau" luyu Agama sareng Ajarana tah kukituna Islam mah tos ngurung ka sakabeh mahlukna. Sa'acan manusa di lahirkeun nya eta gubragna di alam dunya sakumaha tadi parantos jelaskeun di paragraf anu katilu bagian akhir (mangga di aos deui). Numatak Islam mah agama anu pang aheng-ahengna di turunkeun paling akhir, kitabna di jantenkeun penyempurna tina kitab anu tipayun oge bersifat universal sakabeh eusi kitab anu 4 tos karangkum dina hiji kitab nyaeta kitab suci Al-Qur'an (Sanes mengklaim anu hartosna kitab nu tipayun teh awon) tetep sae nanging aturana wahyuna disampurnakeun dina kitab anu akhir, haqul yakin ieu sadayana Allah SWT anu gaduh katentuan.


Pacogrekan anu ngaklaim "ajaran pangbenerna" urang hartoskeun wae yen manusa sepertos kitu teh teu acan tiasa bijaksana kumaha cara jeung katentuan nyebarkeun eta katentuan supados katampina luyu sareng kecap "beragama". Kusabab masih keuna ku owah gingsir teu luyu sareng kecap "Agama"(salamet/heunteu kacau/bener), ajaran nu di agemna dinya bakal aya "pacogregan antar pengolah agama sareng pangolah agama" atanapi kanu leuwih ageung nya eta "antar umat beragama", sabab agama mah sanes pikeun pacogregan aya aturan kanggo ngaredam permasalahan/perselisihan dina ajaran agama, sakabeh oge katangtuan bener jeung salah anging kagungan Gusti nu Maha Agung (Allah SWT) kedahna dibalikeun deui kanu Kagungan "Innalillahi wainnalillahi roji'un" (Asal ti alloh balik deui ka alloh), atanapi ka diri urang nyalira "Bener ceuk elmu nyalira can tangtu bener ceuk anu kanguangan urang-urang sadaya", "bener ceuk Alloh SWT eta mutlak katentuana.


Percanten ka Gusti nu Maha Suci?, pasti sadayana oge percanten sabab di ajaran rukun Iman salah sahijina nyaeta "Percante ka Alloh" anu kedah di yakinkeun ku urang sadaya yen Allah SWT teh aya mustahil teu aya kumaha ngabuktikeuna?, didieu kedah yakin heula ari yakin teh aya tilu: Ilmu Yakin, Aenal Yakin Jeung Haqul Yakin. Pengertian Allah SWT ceuk umum nyaeta urang tiasa ningal dadamelana atanapi ciptaana anu aya di Jagad Khabir (Jagad Ageung/Alam dunya) pikirkeun ngalenyeupan kumaha angin ngahiliwir, kumaha cai ngagolontor, kumaha seuneu manasan, kumaha taneuh jadi tatapakan eta mangrupa unsur dasar anu kedah di tafakuran saha nu ngatur ieu sakabeh jeung kumaha ngaturna lamun urang ningal katentuan activitas alam dunya oge jagad raya jeung saeusina sakabeh ieu aya nu ngaturna, katentuan hirup jeung kahirupan oge papasangan (Beurang-Peuting, Halodo-Nijih, Awewe-Lalaki) dina perbedaan ieu Alloh SWT tes ngadameul hiji kanikmatan kanggo makhluk di alam dunya sakumaha dawuhna: "Nikmat non deui anu ku araranjeun dibobodo". Salajeungna kedah apal kana Jati Diri nyalira dina syareat samisal shalat eta salah sahiji mengenal ayana Alloh, naha bisa kitu, bisa sabab shalat teh "nyegah dina sagala perbuatan keji jeung mungkar". Pami urang hilap bade ngalakukeun kasalahan kusabab ku watekna sholat bakal inget yen ngalakukeun perbuatan eta teh teu dibenerkeun syareatna shalat tapi hakekatna Gusti moal sare, bakal ningali kasagala rupa perbuatan manusa dimana bae ayana tah eta teh kedah ngasah diri oge ngaji diri meh seukeut manah, tenang diri, jeung teu bobogaan "lahulawalaquwwata illabillahil' aliyil adziim".   


Dina katentuan di luhur manusa diajak berfikir ku alam tentang ka Agungan Gusti nu Maha Suci kin bakal kapendak syareatn sakabeh kajadian alam dunya sapopoe. Moal aya korsi, meja, lomari lamun teu aya tukang ngadameulna?, sepertos kitu bae kedahna manusa berfikir ulah ngaleuleuwihi hayang nyaho wujudullah (dzat Allah) nepi ka oray jangjangan eta dzat moal kapanggih sakumaha Nabi Musa hayang ningal wujud Allah SWT di Gunung Tursina, ku di bere seuneu Nabi Musa tos teu kiateun. Aya Istilah "Gusti teh teu jauh tina urat nadi manusa" ku saking deukeutna Dzat nu Maha Agung.


Cag heula anan kin urang sambung deui,
Pun sampun paralun anu kasuhun.



Share:
spacer

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Silahkan berkomentar sesuai dengan TOPIK.
Terima kasih........