
SAMPURASUN DULUR
Mugia Rahayu Sagung Dumadi.
Bubuka Carita:
SENI JIBRUT kadanguna rada asing jeung peiseurieun pami nilik-nilik atanapi maca eta kalimah, siga jorang, geuleuh jeung sajabana padahal eta teh hiji ciciptaan kolot jaman baheula seni suara anu teu aya tangga nadana ngan saukur keur heureuy timbang sepi bari ngasuh incu atanapi anak. Kolot jaman baheula kadang lamun tos cape gawe sok ngahibur barudak ku permaenan eta "JIBRUT", carana ku nyelapkeun ramo panangan beulah kenca atanapi beulah katuhu kana kelek anu sesaui maksadna pami ramo kenca selapkeun ka kelek katuhu kitu sablikna.
Dupi ngaluarkeun sorana ku ngagerakeun panangan anu naselapan ramo tadi nya bakal kaluar sora pikeseurieun nyaeta "weeekbruutt...weeekbruttt...weekekbruuut...prettss" kaituna mah tah pami nyaliran ngaulinkeuna nadana ngan sakitu pami rada kaharti sorana keudah aya sababaraha urang oge diatur dinya bakal kaharti tangga nadana, kadanguna rada jenaka.
Balik deui ka tadi kunaon akhirna disada "Presssts" eta kusabab gesekan ramo sareng dingding kelek ngaluarkeun kesang janten jibrug ku kesang nya ngaluarkeun sora akhir "preets" (janten hoyong seuri pribados nulis ieu artikel), memang lamun ku urang di bayangkeun rada lumayan jorok kusabab kesang anu kaluar ditambah gesekan kelek pasti bakal ngaluarkeun aroma anu pahang luar biasa heheheh, biasana eta kesang sok di anggo heureuy ku cara di ambuan boh ku nu maen bahkan lamun nu jail mah sok ka batur.
Nanging urang kedah ngahargaan sakumah eta ngan saukur permaenan ti kolot baheula ku idea jeung heureuyna pasti aya mangfaat kanggo anak incu bahkan nepi ka aya ngaranan nya eta "JIBRUT". Simkuring kungsi ngalaman ngadangu sore ata kantos simkuring nuju alit, pun aki ngawitan maen "JIBRUT" ku lagu jeung jenakana nya simkuring seuri ngagakgak tapi dasar aki mah jail harita keneh nuju simkuring ngagakgak diusap raray simkuring ku eta panangan aki... deuh karasa kitu ningan aromana teh nyaah ...
Tinggal aki ayeuna anu ngagakgak ningali simkuring olohok ngembang kadu ku aromana eta, ku aya-aya wae eta aki-aki mun ras inget ka jaman eta. Aya flash back katukang ngabayangkeun rupa aki anu keur ngagakgak nyeungseurikeun simkuring, bari harita nini kaluar ti bumi nyarekan aki, hehehe ...
Rasa jeung emutan anu ngacik dina hate jeung fikiran asa brass ningal jaman kapungkur, rekaman anu tos 53 taun teh kabayang deui kumaha rupa aki, nini, bumi aki batok kanggo cikopi oge lalawuhna sabangsa kulub sampeu, ganyol, jeung hui mun di jaman kiwari mah panginten kopi jeung gelasna, roti, tempe goreng, bala-bala. Ku kasederhanaan teu weleh gumujeng, ikhlas jeung tumarima kana takdir ti Gustiu nu Maha Agung tapi teu peugat tina do'a sareng usaha sabab dina nasib Alloh bakal mindahkeun ti hiji kasusah ka hiji kabagjaan, pami teu kitu nya urang kedah tumarima kana takdir ti Gusti Nu Maha Agung.
Cag Ahh. Hapunten Lahir Sinareng Bathin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
Silahkan berkomentar sesuai dengan TOPIK.
Terima kasih........