SADAUN SATANGKAL


SAMPURASU BARAYA
Mugia rahayu sagung dumadi.

Aya sabagian jalma sadaun satangkal (saturunan) papendak dina salah sahiji sosial media (FB, WhatsUp), Asa teu payeus ngajawab "status biasa" dibawa kukurilingan nu ahirna ngahubungkeun sareng ajaran syareat agama padahal tos sami-sami safaham, di fikiran jadi sok hayang seuri macana oge. Laju simkuring mikir dina jero manah ieu jalma tujuana rek kamana? masihan terang, mamatahan apa bade nguji?

Ahh di tuturkeun wee ku simkuring teh bari macaan, oge sakapeung ngabalesan nu kaharti mah. Anjeuna cumarita ngeunaan Raja Sumedang Larang sareng turunana, Eyang Syarif Hidayatulloh  dugi ka turunan Kasepuhan Cirebon, Siloka Sapu Nyere dugi ka Itungan Falakakiah. Ari muarana mah ka "Islam, Iman, Jeung Ihsan" simkuring senyam senyum nyalira dina eta kasimpulan cobi emutan ku pala wargi dina susunan eta kata nu ditulis ku mamntena bener kitu mulaina tina "Islam, Iman Jeung Ihsan", atanapi Mulai tina Iman, jeung saterusna ....cobi buka buku tentang pelajaran Agama Islam?

Mudah-mudahan ieu hiji kasalahan teu di haja ku sumangetna ngajawab pertarosan simkuring. Kontrol diri penting kanggo ngimbengkeun emosi dina kaayaan naon bae oge. Emosi anu kakontrol bakal mawa kana nilai positif boh dina pergaulan, boh dina usaha boh dina sagala upaya kahirupan di lingkungan masyarakat oge di dunia maya (Facebook).

Agama mengrupa hiji pedoman/ageman/petunjuk ari hartos na agama teh "Damai/Salamet" atanapi pami di guar hartosna agama (a=tara; gama=kacau) janten bener katentuana yen setiap agama dijantenkeun pedoman/ageman/petunjuk dina ieu hirup jeung kahirupan wal hasil kedah kalakuana "bener" sabab tadi pan hartosnage "Teu kacau alias bener" pami masih aya dua jalmi marebutkeun masalah dalil nepi ka dordar pasea eta jalmi hartosna teuacan bener dina nyepeng eta ageman walaupun duanana ahli ngolah agama tetep aya dina hiji karuksakan sabab agama/kapercayaan teh sumberna ajarana aya dina kitab suci sedengkeun kitab suci mangrupa kumpulan cariosan (firman) Alloh SWT. Teu payeus nu nyiptakeun kitab suci anu ngan hiji2na sumber ajaran dijadikeun perdebatan sadaya kitab suci anu diturunkeun ku Gusti ngandung harti ajaran kanggo kasalametan umat manusa salila gumelendang di alam dunya. 

Allah SWT Maha Kawasa ku diturunkeuna mamala di alam dunya oge papada manusa, papada hewan, papada iblis pikeun cocoba saeusi alam dunya. Dina eta cocoba bakal kajaring mana nu bener mana nu salah kecuali iblis saparakanca ieu mah tos ijab kabul ka Gusti bakal janten penghuni naraka sareng pala wargi anu ngiringna. Salah datangna ti urang, bener mungguhing Alloh anu kagungan bener.

Urang lajengkeun neraskeun hanca carita nudi luhur janten saolah-olah eta jalma asa gede hulu sagala rupa katerangan ngaggo siloka (babasaan meh teu kaharti ku umum) teu nyalahkeun nanging kedah malapah gedang dina sagala rupina caritaan anu saukur carita di caritakeun deui bari teu apal asal-usulna ngan saukur potongan-potongan carita bakal nimbulkeun nilai fiktif kusabab eta mangkade dina medar sagala rupi pasualan ngeunaan sajarah para inohong, tatar sunda, jati diri oge agama kedah faham dina sagala rupina. Tah kukituna mending an janten pendengar anu satiap tanya mun teu faham jawab anu bisa kajawab berdasarkan informasi anu jelas sumberna.



Sakitu ti abah, cag ahh
Hapunten Lahir sinareng batin.




Share:
spacer

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Silahkan berkomentar sesuai dengan TOPIK.
Terima kasih........