KI SBLING

"KI SBLING"

SAMPURASUN BARAYA
Mugia rahayu sagung dumadi.



Bubuka Carita:
Kocap kacaritakeun aya hiji aki2 geus lila ngaduda hayang boga deui pamajikan era meureun ku umur, ari ditahan Iman aeeh Imin teu kuateun ajret2an wae beda pan jeung awewe lalaki mah nyah?
Awewe mah bisa nahan sakumaha lilana oge tapi lalaki !?, moal kuateeuun Hehehe....


Hiji waktu ku hayang2na eta aki2 nya ngawanikeun nyingkur gigireun imah anu rada suni ku jalma bari mawa "botol", botol rada badag beuheung botolna. Bari luak lieuk siga nu rek maling bae eta aki-aki da sieun kanyahoan meureun nyah? teuing naon anu rek dipilampahna saeungeus aman harita eta aki2 uyap-ayap kana curuk bluss eta curuk teh diabuskeun kana liang "batol", lila2 ngagedean meureun curukna teh..... beuki beukah eta curuk, cilakaaa dak!!! eta curuk teu biasa di kaluarkeun nepika ka usaha cara naon bae oge guyang kesang atuh dipaksa dipaksa sataker kebek teu bisa kaluar...!!!!, hagg siah.


Laaar aya budak ngaliwat teu apal aya budak ngaliwat (da nukangan) si aki bari tipepereket nyabut eta curuk anu ngagedean wal hasil kaluar tapi aya sora disada tina eta botol "SSSBLIIINGG...!!!" kitu sorana rada tarik da dipaksa kaluarna. Budak ge harita olohok bari nanya "aki!!? Keur naon!!?", atuh reuwas eta aki2 harita keneh!!!. Bari olohok nyepeng botol curuk ngambay.... Ceuk budak "naaaahh nyaa si aki kanyahoan!!, beja2 kabatur siah kiii.... " bari eta budak rek lumpat.


"Jang ulah beja2 jang!!!, Kadieu jang!!! ieu duit keur ujang asal ulah beja2 kasasaha nyah!!?. Atuh ningali duit mah atoh budak teh laju jangji budak teh teu bebeja ka sasaha bae oge. Hiji waktu si aki keur panen buah, budak eta ngaliwat bari mere kode "akiii ssbliing...!!? Bari seuri budak teh, bledaaag si aki asa kabentar gelap laju ngagorowok ti luhur jaaangg!!! Eta buah sok bawa ku ujang reek sabaraha karung oge, bawa jang!!!! ", rigidig tah budak teh mawa buah........ Nepi ka harita siaki asa kasiksa asal ngadenge kode "akiii sssbliing!!!" gewat sagala geuwatt nutupan ku kaayaan harita naon bae di bere ka eta budak.


Budak teh boga babaturan. Babaturana nanyakeun "naha maneh mah ka eta aki2 asal nyebut kode "Aki ssbliing! " sok diberean wae aya naon euy!!?, jawab ku eta budak nya cobaan wee ku maneh ke mun panggih jeung si Aki, turutan naon anu di sebut ku urang pasti mere meureun.


Hiji poe si aki keur dahar baso, lar budak sejen tadi ngliwat bari ngadeukeutan si aki... "keur mam baso kiii? Heueuh kunaon kitu!!?, ahh heunteu kii... Bari urangah erengeh eta budak sejen teh laju nyebut kode "akii sssbliiing!! ", cicing wae tah aki2 teh anteng ngabaso siga nu teu aya masalah, sakali deui eta budak ngomong "Akiii sssbliiing", cicing keneh wae anteng nepi ka dideukeutan "aaaakiii sbbliiiing!!!" cicing keneh waaeee, pass rek ngagorowok deui ngadeukeutan eta budak, rikat si aki "ngabanjur" kuah baso ka eta budak, bari pokna teh:

"Moal mempan siah mah da teu nyahoo mimitina....... " ceuk si aki.

"Eedddan tah aki2 ......", ceuk budak sejen tadi. Bari alah'ah uluh'uh jibrug "beungeutna sabagian bajuna" oge ku kuah baso. 



Tah numatak pala wargi ulah sok iiluan anu teu faham naon jeung kumaha sajarahna pami urang can paham hiji carita. Fahamkeun dina diri sewang2 nyah?

Cag ahh...
Pun sampun paralun anu kasuhun, tabe pun. 
Jangji ieu carita kanggo Umi Ismail.
spacer

MANUK TIKUKUR

"Keur Udud"

SAMPURASUN 
Mugia rahayu sagung dumadi.



Urang ngobrolkeun ngeunaan "Manuk Tikukur".


Kocap kacarita:
Tikukur boga ngaran sejen nyaeta Derkuku atanapi Deruk aya oge anu nyebut Manuk Klangenan sorana lumayan teu sapopuler manuk perkutut atanapi manuk anu biasa sok dijadikeun perlombaan. Manuk ieu ceunah mah ngabogaan kakuatan goib (mistis), oge sabagian jalma ngabejaan bakal ngabawa kauntungan keur nu ngukutna (walahu alam bi'showab). Cirina nyaeta anu boga sora tungtungna "Kuk"na dua kali atanapi "Kuk"na tilu kali". Tapi omat ulah neangan nu sorana leuwih ti tilu kali "kuk"na (kuk...kuk..kuk..kuk..) eta tandana manuk teh keur kabuhulan alabatan ngakan jangkrik gede teuing, hehehehe ....

Meunangkeun manuk tikukur anu boga sora "Kuk"na dua, atanapi "Kuk"na tilu kali", beuheuuu pohara jasaaa lain usaha anu gampang nyana ceng!?, sabab cukup langka ayana manuk samodel kitu lamun urang lain bagiana mah atawa kaberenehan(tos rejekina) moal meunang. Aya oge nu ngajual ngan hargana cukup muahal, dumasar eta manuk kasebut langka(manuk anu boga sora samodel kitu). Kusabab eta Manuk Tikukur langka paminat di banding manuknu sejen samisal Muray, lovebird, cicakrowo jeung sajabana, tapi anu faham mah didasarkeun yen manuk tikukur teh boga kaistimewaan teu weleh we aya anu mulasarana.

Ka Istimewaan Manuk Tikukur teh diantarana:

1. Manuk Tikukur nu soraan tungtungna "kuk" dua atanapi tilu kali bisa ngadatangkrun hawa "Aura Positif" (narik kauntungan sareng masalah rejeki)

2. Ngabentuk energi positif keur pangasihan, katingtriman rumah tangga ku ayana sora eta manuk. (ku kersaning Allah)

3. Mancarkeun aura positif kanggo kawibawaan oge tiasa nyinglarkeun energi negatif pikeun werejit, guna2, santen oge elmu hitam.


Geura urang logikakeun ku ngadanguna eta sora Manuk Tikukur boh anu dua atanapi tilu "Kuk" di akhirna tiasa nentramkeun hate jeung fikiran. Tah dina katentraman hate jeung pikiran bakal ngancik kejernihan fikir muncul idea2 kreatif wal hasil bakal ngahasilkeun karya, tina karya bakal ngahasilkeun rejeki, rejeki anu halal mawa aura positif kanggo kahirupan kaluarga mun tos kitu tiis ceuli herang mata, ibadah ka Alloh SWT oge bakal husyu, dimana tos husyu ibadah ka Alloh, sabudeureun lingkungan anu ku urang dicicingan bakal ngaluarkeun nimbulkeun energi positif, setiap energi positi bakal nangkal sagala rupa werejit, guna2 , teluh, santet jeung elmu hitam.


Carita di luhur mangrupa motivasi, sagala rupana oge gumantung ku kersana Gusti (Allah adzawajalla) oge ku ka ikhlasna urang salaku manusa. Alloh SWT masihan kaleuwihan kanggo dadameulana (manusa, sato jeung tatangkalan) tah palebah eta urang tetep kedah percanten kana kakuatan Hyang Maha Tunggal nu gaduh alam dunya, akherat, sorga katut naraka.



Cag ahh...
Pun sampun paralun anu kasuhun, tabe pun.
Hayam kate dina bilik, kuring cape hayang balik.
spacer

SILSILAH DIPATI UKUR Dan SAJARAH KOTA BANDUNG


SAMPURASUN
Mugia rahayu sagung dumadi.

ADIPATI WANGSANATA alias WANGSATARUNA alias DIPATI UKUR.

Bubuka silsilah:
Prabu Nusiya Mulya alias Prabu Sedah alias Prabu Raga Mulya Surya Kencana alias Panembahan Pucuk Umun Kadu Hejo, Pulosari - Pandeglang, Banten. (Raja Pajajaran antara taun 1567-1579).

Ti Istrina: Nyi Ratna Gumilang, gaduh putra:
Rd. Ajimantri alias Rd. Keling Sokawayana, lahir taun 1555 di Pakwan, wafat taun 1669 di Dusun Serang Kec. Cimalaka, Keb. Sumedang (Makamna janten Karamat Gunung Keling/Sokawayana).

Nikah sareng Nyi Lingga Pakuan, gaduh putra:
Panandean Ukur, gaduh putra:

Rd. Dipati Ukur alias Adipati WangsaNata alias WangsaTaruna, nikah sareng NR. Enden Saribanon/NM. Dipati Ukur, Putri No.12 Prabu Geusan Ulun (Rd. Angka Wijaya) ti Istri pertamana nyaeta Ratu Cukang Gedeng Waru (Nyi Sari Hatin), Putri Sunan Aria Pada (Rd. Hasatu), gaduh putra:

Dalem Natadireja, gaduh putra:

Rd. Abdul Manap.

--------- Pen ---------


SEJARAH KOTA BANDUNG

Bubuka carita:
Saacan ngadeg Kabupaten Bandung, wilayah Bandung namina "Tatar Ukur". Lebet ka wilayah Kerajaan Timbanganten ibukota "Tegalluar" bagian ti Kerajaan "Sunda Pajajaran". Abad ka 15, Kerajaan Timbanganten diparentah secara turun-temurun ti: Prabu Panandean Ukur teras ka Dipati Agung teras ka "DIPATI UKUR". Jaman pamarentahan "Dipati Ukur" wilayah kakuasaana ngaliput sabagian Jawa Barat anu disebat "Ukur Sasanga" (Salapan Wilayah) nyaeta:

1. Ukur Bandung (Banjaran, Cipeujeuh)
2. Ukur Pasir Pangang (Majalaya, Tanjungsari)
3. Ukur Biru (Ujung Berung Wetan)
4. Ukur Kuripan (Ujung Berung Kulon, Cimahi, Rajamandala)
5. Ukur Curugagung (Cihea)
6. Ukur Aronan (Wanayasa)
7. Ukur Sagaraherang (Pamanukan, Ciasem)
8. Ukur Nagara Agung (Gandasoli, Adiarsa, Sumedangan, Ciampel, TegalWaru, Kandangsapi, Cabangbungin)
9. Ukur Batulayang ( Kopo, Rongga, Cisondari).

Pada waktos Kerajaan Sunda-Pajajaran runtuh antara taun (1579-1580) akibat gerakan pasukan Banten dina raraga nyebarkeun pangaruh Agama Islam di wilayah Jawa Barat. "Tatar Ukur" pindah bagian kekuasaan ti Karajaan Sunda-Pajajaran ka "Kerajaan Sumedang Larang" nu janten penerus ti Kerajaan Sunda-Pajajaran (penyerahan Mahkota Binokasih). Kerajaan Sumedang Larang diadegkeun ku "Prabu Geusan Ulun" di taun (1580-1608) ibukota di "Kutamaya" lokasina belah Kulon Desa Padasuka Kebupaten Sumedang (ayeuna mah). Wilayah kakuasaana ngaliput anu disebat "Priangan", kacuali "Galuh" (ayeuna kasebutna Kabupaten Ciamis).

Pada waktos dipimpin ku "Rd. Aria Soeriadiwangsa" putra Prabu Geusan Ulun ti Ratu Harisbaya. Kerajaan Sumedang Larang janten daerah kekuasaan "Kerajaan Mataram" di taun 1620. Kerajaan Sumedang Larang digentos ti Kerajaan janten "Kebupaten" (Kabupaten Sumedang dugi ka ayeuna). Tujuana nyaeta pikeun basis pertahanan kanggo Kerajaan Mataram di bagian Kulon ti serangan pasukan Banten sareng pasukan VOC di Batavia (Jakarta, ayeuna mah). Mataram anu di pimpin ku "Sultan Agung (1613-1645)"; ngamusuhan kompeni kusabab System Monopoli Perdagangan VOC nu ngakibatkeun perdagangan rakyat Mataram janten terpuruk oge konflik sareng Kesultanan Banten. Kanggo miluruh/ngawaskeun wilayah priangan, Sultan Agung ngangkat Rd. Aria Soeriadiwangsa janten "Bupati Wedana (Kepala Bupati)" di wilayah priangan di taun (1620-1624) dipasihan gelar "Pangeran Rangga Gempol Kusumadinata (Rangga Gempol I)".

Di taun 1624 Sultan Agung miwarang Rangga Gempol I pikeun naklukeun daerah "Sampang (Wilayah Madura)". Jabatan Bupati Wedana Priangan diwakilkeun ka rayina nyaeta "Pangeran Dipati Rangga Gede". Saatosna Pangeran Dipati Rangga Gede ngajabat datang serangan ti Pasukan Kasultanan Banten. Kusabab sawareh pasukan aya di Wilayah Sampang, Madura. Sesa pasukan pimpinan Pangeran Dipati Rangga Gede teu tiasa ngahalau pasukan ti Kasultanan Banten. Akibatna Pangeran Dipati Rangga Gede meunang "Sangsi Politik" ti Sultan Agung (Mataram). Pangeran Dipati Rangga Gede di tahan di Mataram. Salajengna Jabatan Bupati Wedana Priangan dijabat ku "Dipati Ukur", dipasihan syarat yen Dipati Ukur kedah tiasa ngarebut Batavia ti Kakuasaan Kompeni (VOC). 

Di taun 1628 Sultan Agung miwarang Dipati Ukur kanggo ngabantos Pasukan Mataram nyerang Kompeni di Batavia. Tapi gagal. Dipati Ukur sadar konsekwansina pami dina tugas gagal nyaeta "Hukuman", sakumaha dialaman ku Pangeran Dipati Rangga Gede, malah bisa wae hukuman leuwih ti nu dibayangkeun. Kusabab eta Dipati Ukur sarang pengikutna "Ngabangkang/Teu Mirosea" ka titah Sultan Agung (Mataram). Dipati Ukur sareng pengikutna teu sumping ka Mataram kanggo ngalaporkeun sabab-musabab gagalna tugas anu di piwarang ku Sultan Agung (Mataram) pikeun merangan Kompeni di Batavia. Tindakan Dipati Ukur "dianggap" ku pihak Mataram mangrupakeun "Pembangkangan/Pemberontakan" ka panguasa Kerajaan Mataram. Dipati Ukur sareng pengikutna ngemutan bahwa pihak Mataram bakal kasulitan ngawaskeun daerah priangan sacara langsung kusabab jauhna jarak anatara pusat Kerajaan Mataram ka daerah priangan. sacara teoritis; pami hiji daerah jauh ti pusat kekuasaan, ngakibkeun daerah kekuasaan pusat nu dimaksud bakal lemah. Tapi ku ayana bantuan ti koloni Mataram (beberapa kepala daerah di priangan) pihak Mataram tiasa nangkep melalui prosess hukum kedaulatan Mataram ahirna  Dipati Ukur dihukum Pancung. Nurutkeu carita babad Sumedang, Dipati Ukur ditangkep di Gunung Lumbung (Daerah Bandung) ku salah sahiji pemuda pertapa sakti mandraguna namina "Bagus Suraputra" Putra Bupati Wisaen (Galuh) di taun 1932. "Pemberontakan/Pembangkangan" Dipati Ukur Dianggap selesai. Salajengna Sultan Agung masihkeun deui Jabatan Bupati Wedana ka "Pangeran Dipati Rangga Gede" anu tos selesai masa hukuman. Sultan Agung nga-reorganisasi pemerintahan di wilayah priangan kanggo menstabilkan situasi jeung kondisi di daerah priangan.

Priangan di luar Sumedang jeung Galuh dibagi janten 3 Kabupaten nyaeta:

1. Kabupaten Bandung
2. Kabupaten Parakan Muncang
3. Kabupaten Sukapura

Milih/ngakat 3 Kepala Daerah nu dianggap gaduh jasa ngabantos Mataram numpas pemberontakan/pembangkangan "Dipati Ukur", katilu Kepala daerah dimaksdu nyaeta:

1. Ki Astamanggala, Umbul CihaurBeuti diangkat janten Bupati Bandung.
   Gelar Tumenggung Rd. Wiraangun-angun

2. Ki Somahitha, Umbul Sindangkasih diangkat janten Bupati Parakan Muncang.
   Gelar Tumenggung Rd. Tanubaya

3. Ki Wirawangsa, Umbul Sukakerta diangkat janten Bupati Sukapura.
   Gelar Tumenggung Rd. Wiradadaha.

Katilu Kepala Daerah dilantik ditulis dina "Piagam Sultan Agung" nu dikaluarkeun Poe Sabtu tanggal 9 Muharram taun Alif (pananggalan Jawa). Kikutuna tanggal 9 Muharram taun Alif lain mangrupakeun hari jadi Kebupaten Bandung tapi sakaligus hari jadi kabupaten Parakn Muncang sareng Kabupaten Sukapura nurutkeun Piagam Sultan Agung.

Ngadegna "Kabupaten Bandung" ngajadikeun perobahan utamana "Bidang Pemerintahan". Daerah anu tadina magrupakeun kakuasaan Karajaan (Sunda-Pajajaran sareng Sumedang Larang). Robah janten daerah anu gaduh status daerah "Administratif" nyaeta "Kabupaten". Saatosna katilu Bupati dilantik di pusat Pemerintahan Mataram, Miang ka daerah masing-masing. "Sejarah Bandung" nyaritakeun yen Bupati Bandung "Tumenggung Rd. Wiraangun-angun" sareng pengikutna ti Mataram ngajugjug ka "Tatar Ukur". Ngawitan rombongan datang ka "Timbanganten" (Daerah BaleEndah/Dayeuh kolot, ayeuna mah). Didaerah ieu Bupati Bandung nyatet aya "200 cacah" (200 Jalmi). Salajengna Tumenggung Rd. Wiraangun-angun sareng rakyatna ngadegkeun "Krapyak" (Dayeuh Kolot), hiji tempat anu lokasina di sisi "Walugan Citarum" deukeut sareng muara "Walungan Cikapundung" (Daerah pasisian Kabupaten Bandung bagian Pakidulan) dijantenkeun "Ibukota Kabupaten". Mangrupa Daerah Pusat Kabupaten Bandung, Krapyak sakitarna disebat "Bumi Tatar Ukur Gede". Wilayah Administartif Kabupaten Bandung dina pangaruh Mataram dugi ka abad 17) teu acan dipikaweruh sacara pasti kusabab sumber data akurat ngeunaan hal ieu teu acan kapendak.

Numutkeun "Sumber Pribumi" data tahap munggaran Kabupaten Bandung ngaliput ka sababaraha daerah diantarana "Tatar Ukur" kamasuk daerah Timbanganten, Kahuripan, Sagara Herang oge sabagian Tanah Medang (Daerah priangan di luar Wilayah Kabupaten Sumedang, Parakan Muncang, Sukapura jeung Galuh tikawit janten Wilayah Tatar Ukur (Ukur Sasanga) waktos masa pamarentahan "Dipati Ukur"; Mangrupakeun wilayah administratif Kabupaten Bandung waktos eta). Upami dugaan ieu leres; malahmandar Kabupaten Bandung, Ibukota Krapyak wilayahna ngalingkup daerah: Timbanganten, Gandasoli, Adiarsa, Cabang Bungin, Banjaran, Cipeujeuh, Majalaya, Cisondari, Rongga, Kopo, Ujung Berung, jeung nu sejena kamasuk daerah Kahuripan, Segara Herang sareng tanah Medang. Kabupaten Bandung salah sahiji kabupaten anu di bentuk ku "Pamarentah Kerajaan Mataram" oge aya dina pangaruh panguasa karajaan Mataram, sistem pamarentahan Kabupaten Bandung ngabogaan "Sistem Pamarentahan Mataram". Bupati ngabogaan rupa jenis symbol kaagungan, pangawal khusus oge prajurit bersenjata.

Symbol jeung atribut Mataram nambahan pangaruh, kuatna kakuasaan kanggo "Pangaruh Bupati ka rahyatna". Ageungna kekuasaan oge pangaruh bupati diantarana di tunjukeun ku kapamilikan hak-hak istimewa nu tiasa dipimilik ku hiji "Raja". Hak-hak anu dimaksud nyaeta:

1. Hak ngawariskeun jabatan
2. Hak nyandakan pajak dina bentuk artos atanapi barang
3. Hak ngabogaan tanaga pagawe (ngawula)
4. Hak ngaburu sareng nagkep lauk
5. Hak ngaadilan sakumna aya pacogrekan di wilayah kuasana

Terbatasna pangawasan langsung ti "Penguasa Mataram", teu heran upami waktos harita Bupati Bandung Khususna sareng Bupati Priangan pada umumna berkuasa sepertos "Raja". Anjeuna kuasa pinuh pikeun rahayat oge daerahna. Sistem pamarentah sareng gaya hidup bupati mangrupakeun "Miniatur tina kahirupan karaton". Dina ngajalankeun tugas bupati dibantos ku pejabat-pejabat bawahana sepertos:

1. Patih
2. Jaksa
3. Penghulu
4. Demang/Kepala Cutak(Kepala Distrik)
5. Camat(Pembantu Kepala Distrik)
6. Patinggi (Lurah/Kepala Desa) jeung sajabana

Kabupaten Bandung aya dina pangaruh "Kakuasaan Mataram" dugi ka ahir taun 1677. Salajengna Kabupaten Bandung dibawah kakuasaan "Kompeni". Hal ieu kusabab kajadian "Perjanjian Mataram-Kompeni (Perjanjian Pertama) tanggal 19-20 Oktober 1677". Dibawah kakuasaan Kompeni antara taun (1677-1799), Bupati Bandung sareng Bupati sejena di priangan tetap janten penguasa sakumaha tugasna tanpa aya ikatan birokrasi sareng Kompani. Sistem pemerintahan kabupaten pada dasarna teu ngalaman parubahan, sabab kompani ngan nungtut supaya bupati ngakukeun kakuasaan kompani ku jaminan "Ngajual hasil-hasil bumi tertentu ka VOC". Dina hal ieu Bupati teu meunang ngayakeun politik perdagangan ka pihak sejen. Hiji hal anu dirobah ku kompani nyaeta "Jabatan Bupati Wedana" dileungitkeun gagantina kompeni ngakat "Pangeran Aria Cirebon" janten pengawas (opzigter) kanggo daerah "Cirebon-Priangan" (Cherinbonsche PreangerLandan). Salah sahiji kawajiban Bupati pikeun kompeni nyaeta: 

1. Ngalaksanakeun "Wajib Tanaman" (Preangerstelsel) utamana "Tanaman Kopi".
2. Hasil "Wajib Tanam" diserahkeun ka kompeni.
3. Bupati wajib ngajaga Kaamanan sareng ketertiban daerah kakuasaana.
4. Bupati teu dibenerkeun ngangkat/mecat pagawai bawahan bupati tanpa pertimbangan Bupati nu diangkat ku
   Kompeni/penguasa Kompeni nu berkedudukan di Cirebon.
5. Supaya bupati tiasa ngalaksanakeun kewajiban, hasil tina bidang keagamaan (Dzakat Fitrah, maal jeung sajabana) teu diganggu
   gugat ku bupati jeung rahyatna(petani).
6. Hasilna tiasa dibayarkeun atas penyerahan kopi anu ageungna ditentukeun ku Kompeni.

Ahir kekuasaan kompeni di taun 1779, Kabupaten Bandung tetep beribukota di Krapyak, salajengna Kabupaten Bandung diparentah sacara turun-temurun dugi ka 8 urang Bupati. Bupati Munggaran nyaeta "Tumenggung Rd. Wiraangun-angun salah sahiji Bupati "Angkatan Kerajaan Mataram" nu marentah dugi ka taun 1681. 6 Urang Bupati sejena mangrupakeun "Angkatan Kompeni "; nyaeta:

1. Tmg. Rd. Ardikusumah (Rd. Ardi Sutamagata), Bupati Bandung ke II taun 1681-1704. Rakana Demang Candra Dita (Sunan Tendjolaya), Rayina Tmg. Nyili (Dalem Tenjolaya, Timbanganten).
2. Tmg. Rd. Anggadireja I (Sunan Gordah Timbanganten), Bupati Bandung ke III : 1704-1747. (Putra Tmg. Rd. Ardikusumah)
3. Tmg. Rd. Anggadireja II (Rd. Inderanegara), Bupati Bandung ke IV : 1747-1763. (Putra Cikal Tmg. Rd. Anggadireja I), Bupati Timbanganten pindah ke Dayeuhkolot, Bandung
4. Tmg. Rd. Anggadireja III, RAA. Wiranata kusumah I, Bupati Bandung ke V : 1763-1794. (Putra Tmg. Rd. Anggadireja II)
5. RAA. Wiranata Kusumah II (Dalem Kaum), Bupati Bandung ke VI : 1794-1829 (Putra RAA. Wiranatakusumah I)
6. RAA. Wiranata Kusumah III (Dalem Karang Anyar), Bupati Bandung ke VII : 1829-1846 (Putra RAA. Wiranatakusumah II)

Waktos pamarentahan Bupati R.A.A. Wiranatakusumah II, ibukota Kabupaten Bandung dialihkeun ti Krapyak ke "Kota Bandung".


Cag Ah.
Pun sampun paralun anu kasuhun.
Tabe pun.



Nara Sumber:
Blog Cipaku
http://www.bandungkab.go.id/arsip/2413/sejarah-berdirinya-kabupaten-bandung
spacer

Keluarga SabaDesa


spacer

SHALAT

Kopeah Kembang Jengkol, Khas Betawi Jeung Ududna


SAMPURASUN 
Mugia rahayu sagung dumadi


Bubuka Carita:
Shalat hiji kawajiban pikeun jalma anu tos aqil baleg (tos nyumponan yuswa 15 taun kangge pamegeut, biasana ditandaan ku ngarasaan ngimpi baseuh. Upami Istri parantos kaluar haid). Shalat umumna dilakukeun sapoe sapeuting seueurna 17 rokaat dilakonan unggal poe sesuai katentuan jadwalna. Tiap wilayah beda-beda (pribados linggih di Ibukota DKI Jakarta, bagian Kaler tiap ganti tanggal pasti beda menitna). Jadwal kiwari di tanggal 07 Januari 2020. Shalat Shubuh (04.22), Shalat Dhuhur (12.02), Shalat Asyar (15.28), Shalat Maghrib (18:16), Shalat Isya (19:31). Dina perbedaan setiap jam, Menit sareng detikna dina ngadegkeun shalat tangtu Alloh SWT nyimpen hikmah kanggo urang sadaya (mangga di diregepkeun/ditalungtik kunyalira). Pengertian SHALAT saur Ulama Muta'nabin shalat teh dibagi tilu hurup "SHAD - LAM - TA", naon hartosna?, mangga urang guar bae oge urang hartoskeun ngangge siloka kolot urang baheula.

Buka Siloka:
1. SHAD (Shidqul Qouli)
"Lonjor teu meunang dipotong pondok teu meunang disambung". Hartosna upami nyarios teu kengeng di hijikeun sareng kabohongan, pami benar ceuk benerna, salah ceuk salahna, lain ceuk laina, nyariosna pas teu kurang teu leuwih, ieulah ciri-ciri jalma nu sholat  

2. LAM (Layinul Qolbi)
"Leuleus Jeujeur liat tali". Lemah lembut hatena, nulung kanu butuh nalang kanu susah, mere kanu keur menta, ramah-tamah, sopan, santun, dedepe-dedepe, handap asor, teu adigung-adiguna, teu sombong, sirik, pidik, jail, kaniaya, merege hese cap jahe. tah et ajalma nu sholat mah.

3. TA (Tartil Ma'asyi)
"Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna". Ngajauhkeun niat tina pi'maksiateun, pi na kedah di jauhkeun komo maksiatna., janten kedah ngajauhkeun sagala rupi maksiat nu aya di diri urang oge laku-lampah anu teu mangfaat kanggo ka batur. Ceuk katerangan "shalat bakal nyegah kana kamungkaran", narima cocoba gunakeun sabar jeung shalat enggoning narima sagala rupi cocoba sabab jalma nu sobar bakal meunang welas jeung asihna Gusti nu Maha Suci (Alloh SWT).

Sholat hakekatna cerminan kahirupann urang sapopoe, mulai tina niat, ucap, laku-lampah, sikap oge sakabehna nyurup dina eusina shalat, pang hanjakalkeun ku jalma nu lalay tina shalatna sakumaha dawuh Allah SWT "Cilaka keur jalma anu ngalalaikeun sholat" di tingal tina kalimat eta nu ngajalankeun shalat wae cilaka kumaha anu teu ngajalankeun?. Tapi sagala rupa tingkah polah manusa teu bisa di dikte sabab sakabeh manusa gaduh proses mungguhing hirup di alam dunya, hak Alloh kanggo usik malikna jalma pun kitu oge naekna darajat manusa mungguhing Allah. Urang Sunda anu mupusti karuhun, ngahormat sakumna katurunan anu baris ngaping jeung ngajaring nepi ka saumur ayeuna, hirup jeung kahirupan ku syareatna: Indung, Bapa, Aki Nini, Bao, Janggawareng, Kakait Siwur, Udeg-udeg, Katuncar Mawur, Parapak Galeng, Leg buleneng, Hare-hare (12 turunan anu kaharti). Tos ngawariskeun sifat masing-masing oge didikan anu katampi ku urang anu saterasna urang janten jalma dina sifat jeung patekadan sewang-sewang. Dina hal ieu "ngajenan/bakti" ka Indung sareng ka Bapa hiji kawajiban anu mutlak salain ibadah shalat.


Makna ngajalankeun hirup jeung kahirupan hakekatna anging ku Gusti Nu Maha Agung (Allah SWT), gerak, ucap laku jeng lampah urang teh digerakeun, anjeuna nu tiasa mulak-malikeun hate sakumna mahluk hirup utamina "Manusa" nu disebat dina katerangan mahluk Alloh nu diciptakeun paling sampurna. Kang Jeng Rosulullah Muhammad SAW, oge Kang Jeng Nabi Adam as mangrupa conto kanggo hirup jeung kahirupan manusa (Dzat, Sifat, Asma, Af'al) awal tina kahirupan lalakon perjalanan Allah-Muhammad-Adam, anu disebat Ma'rifat Alam Tujuh asal Kuring jeung Kurungna, Jisim jeung Jirimana, ruh jeung jasadna (dadasar elmu anu kapendak).


Eta carita zaman baheula, jaman kiwari lahirna jabang bayi ka alam dunya kusabab cukang lantaran Indung sareng Bapa, indung parawan bapa bujang urang geus aya ku sirr'na, ngaliwatan ku kersaning maha welas, maha asih nyaeta Gusti Nu Maha Agung (Alloh SWT), dua manusa anu berlainan jenis ngahiji ngaliwatan pernikahan(Ijab wal qobul) saksi nu pasti pikeun medarkeun turunan dinya aya proses anu luar biasa dzat jeung sifat ngahiji janten jabang bayi anu bakal katingal mangfaatna jaga enggoning pageto. Hamparan asal pidampaleun manusa, dadampal asal adegan manusa, akar asal urat manusa, tangkal asal bitis manusa, daun asal leungeun manusa, cangkang asal kulit manusa, ati asal jeroning manusa, mata heulang asal panon manusa, darah anu jadi cahaya (tangkal pare hirupna ku opat unsur) ngajadikeun Wani, Madi, Mani, Manikem ngahiji jeung indung telur ku "kanyaah indung sareng bapa", oge pastina hakekat ku kersaning Alloh SWT. KUN, "janten", FAYAKUN "maka janten" sakumaha kaayaan urang ayeuna.



Cag ahh...
Sakitu wee heula anan caritana.
Hapura lahir sinareng bathin, salahna ti diri Abah pribadi, atuh bener ku kersaning Alloh SWT.

"Hayam kate, hayam boiler. Kuring cape hayang molor".
spacer

Gallery Photo


spacer

Awaluddin Marifatulloh

NurCahya, CahyaNur

SAMPURASUN 
Mugia Rahayu Sagung Dumadi.



Bubuka carita:
Ngawitan ngagem agama teh kedah wawuh heula ka Gustina. Naon ari hartos na "Agama"?, hartosna agama teh "Salamet" atawa "teu kacau" (A=henteu, Gama= kacau) janten agama sami sareng salamet atanapi henteu kacau. Agama di turunkeun ku Gusti nu Maha Agung pikeun Ageman/Pedoman/Aturan kanggo manusa pirang-pirang hirup di alam dunya (pangumbaraan). Kumargi kitu setiap agama di turunkeun pacogregan baris anu bade dilakukeun ku manusa kedah di tebihan supados salamet enggoning hirup babarengan dialam dunya oge ngahargaan ka mahluk sejena (sastoan jeung tatangkalan oge mahluk gusti anu teu katempo-goib). Satiap ajaran agama kedah gaduh kitab sucina sewang-sewang anu dijantenkeun acuan pikeun Ageman/Pedoman/Aturan kanggo kasalametan penganutna oge sakabeh agama tangtu miwarang bener, tapi sabalikna aya "agama" mengpar tina katentaun aturan/ajarana kitab sucina jelas ieu sanes agama anu bakal nentremkeun kahirupan umat beragama khususna masyarakat umumna bakal timbul pacogrekan tah ieu teu luyu sareng "Kocap Agama".


Anu ngagem Agama sadayana oge hoyong bener tur salamet sabab kanyataan dina hartosna nyaeta "Salamet", nanging urang kedah tiasa ngabedakeun dina katentuan medarkeun ajarana. Nu janten pacogregan salami ieu nyaeta "ajarana" sakur di talungtik ku pamikiran manusa (direka-reka, ngahartoskeun nyalira, teu ngaggo katentuan nu sejen nu luyu sareng katentuan) nu akhirna parebut dalil saling ngaklem ieu bener itu bener, sabab dina hal aturan kitab suci tos anjeg panceg sabab datangna ti anu kagungan (Alloh SWT) ngaliwatan para nabi jeung rosul. Dina palebah kanu teu tanggung jawab tiasa wae salah ngahartosakeun/disalah hartoskeun dina ajarana. Sedengkeun ajaran anu muncul dina kitab suci dihasilkeun tina ucapan wahyu nu Maha Agung, wahyu ieu dirangkum janten bab "ajaran" saterasna di pasihan hak patent dina bentuk kitab suci sepertos Kitab Taurat, Kitab Jabur, Kitab Injil, Kitab Al-qur'an. Tangtos sakabeh aya hubungana antar kitab awal (awal wahyu diturunkeun) dugika kitab terakhir, nu akhirna disampurnakeun ku turuna kitab anu terakhir (Al-Qur'an Nur Kariim) ngaliwatan Kang Jeng Nabi Muhammad SAW salaku Nabi/Rosul panutup ti sakabeh nabi/rosul nu kasebat dina katerangan aya 25 Jalmi.


Setiap ajaran tangtos aya namina, tah nami ieu anu ngabentenkeun tina hartosna "Agama" misalna Budha, Hindu, Keristen, Islam oge Kepercayaan. dina kocap "Agama" tadi bakal aya sautik bedana (mangga lenyepan ku para wargi). Agama datangna langsung tinu kagungan (Allah SWT) anu tos ngancik/diajarkeun ka masing-masing mahlukna anu dipercanten tos ngalaman cocoba luar biasa. Janten nu ngabedakeun si itu Budha, si ieu Hindu, si eta Kristen, maneh mah Islam nyaeta "ajaran" oge dina eta ajaran aya aturan nu diyakinkeun ku masing-masing pemelukna/kersana sabab manusa lahir ka dunya tos mawa agama gumantung Ibu/Ramana sareng lingkungan tah ieu anu bakal ngarubah hade gorengna manusa, bade ka katuhu bade ka kenca atau tetep jalan di tempat. "Jabanng bayi lir ibarat kertas "bodas", bade ditulis kumaha bae eta murangkalih, bade Majusi atanapi Nasrani gumantung ka Ibu/Ramana.


Islam ngadung hartos "Salamet", pun kitu oge "Agama" ngandung hartos "Salamet/heunteu kacau" luyu Agama sareng Ajarana tah kukituna Islam mah tos ngurung ka sakabeh mahlukna. Sa'acan manusa di lahirkeun nya eta gubragna di alam dunya sakumaha tadi parantos jelaskeun di paragraf anu katilu bagian akhir (mangga di aos deui). Numatak Islam mah agama anu pang aheng-ahengna di turunkeun paling akhir, kitabna di jantenkeun penyempurna tina kitab anu tipayun oge bersifat universal sakabeh eusi kitab anu 4 tos karangkum dina hiji kitab nyaeta kitab suci Al-Qur'an (Sanes mengklaim anu hartosna kitab nu tipayun teh awon) tetep sae nanging aturana wahyuna disampurnakeun dina kitab anu akhir, haqul yakin ieu sadayana Allah SWT anu gaduh katentuan.


Pacogrekan anu ngaklaim "ajaran pangbenerna" urang hartoskeun wae yen manusa sepertos kitu teh teu acan tiasa bijaksana kumaha cara jeung katentuan nyebarkeun eta katentuan supados katampina luyu sareng kecap "beragama". Kusabab masih keuna ku owah gingsir teu luyu sareng kecap "Agama"(salamet/heunteu kacau/bener), ajaran nu di agemna dinya bakal aya "pacogregan antar pengolah agama sareng pangolah agama" atanapi kanu leuwih ageung nya eta "antar umat beragama", sabab agama mah sanes pikeun pacogregan aya aturan kanggo ngaredam permasalahan/perselisihan dina ajaran agama, sakabeh oge katangtuan bener jeung salah anging kagungan Gusti nu Maha Agung (Allah SWT) kedahna dibalikeun deui kanu Kagungan "Innalillahi wainnalillahi roji'un" (Asal ti alloh balik deui ka alloh), atanapi ka diri urang nyalira "Bener ceuk elmu nyalira can tangtu bener ceuk anu kanguangan urang-urang sadaya", "bener ceuk Alloh SWT eta mutlak katentuana.


Percanten ka Gusti nu Maha Suci?, pasti sadayana oge percanten sabab di ajaran rukun Iman salah sahijina nyaeta "Percante ka Alloh" anu kedah di yakinkeun ku urang sadaya yen Allah SWT teh aya mustahil teu aya kumaha ngabuktikeuna?, didieu kedah yakin heula ari yakin teh aya tilu: Ilmu Yakin, Aenal Yakin Jeung Haqul Yakin. Pengertian Allah SWT ceuk umum nyaeta urang tiasa ningal dadamelana atanapi ciptaana anu aya di Jagad Khabir (Jagad Ageung/Alam dunya) pikirkeun ngalenyeupan kumaha angin ngahiliwir, kumaha cai ngagolontor, kumaha seuneu manasan, kumaha taneuh jadi tatapakan eta mangrupa unsur dasar anu kedah di tafakuran saha nu ngatur ieu sakabeh jeung kumaha ngaturna lamun urang ningal katentuan activitas alam dunya oge jagad raya jeung saeusina sakabeh ieu aya nu ngaturna, katentuan hirup jeung kahirupan oge papasangan (Beurang-Peuting, Halodo-Nijih, Awewe-Lalaki) dina perbedaan ieu Alloh SWT tes ngadameul hiji kanikmatan kanggo makhluk di alam dunya sakumaha dawuhna: "Nikmat non deui anu ku araranjeun dibobodo". Salajeungna kedah apal kana Jati Diri nyalira dina syareat samisal shalat eta salah sahiji mengenal ayana Alloh, naha bisa kitu, bisa sabab shalat teh "nyegah dina sagala perbuatan keji jeung mungkar". Pami urang hilap bade ngalakukeun kasalahan kusabab ku watekna sholat bakal inget yen ngalakukeun perbuatan eta teh teu dibenerkeun syareatna shalat tapi hakekatna Gusti moal sare, bakal ningali kasagala rupa perbuatan manusa dimana bae ayana tah eta teh kedah ngasah diri oge ngaji diri meh seukeut manah, tenang diri, jeung teu bobogaan "lahulawalaquwwata illabillahil' aliyil adziim".   


Dina katentuan di luhur manusa diajak berfikir ku alam tentang ka Agungan Gusti nu Maha Suci kin bakal kapendak syareatn sakabeh kajadian alam dunya sapopoe. Moal aya korsi, meja, lomari lamun teu aya tukang ngadameulna?, sepertos kitu bae kedahna manusa berfikir ulah ngaleuleuwihi hayang nyaho wujudullah (dzat Allah) nepi ka oray jangjangan eta dzat moal kapanggih sakumaha Nabi Musa hayang ningal wujud Allah SWT di Gunung Tursina, ku di bere seuneu Nabi Musa tos teu kiateun. Aya Istilah "Gusti teh teu jauh tina urat nadi manusa" ku saking deukeutna Dzat nu Maha Agung.


Cag heula anan kin urang sambung deui,
Pun sampun paralun anu kasuhun.



spacer

CAKRA BUANA (MBAH KUWU SANGKAN)

pohon "Raga Sakti"


SAMPURASUN DULUR
Mugia Rahayu Sagung Dumadi

Bubuka Carita:
CAKRA BUANA, katelah Mbah Kuwu Sangkan sesuai jamana linggih di Wilayah Cirebon. Upami ka Syekh Syarif Hidayatulloh (Sunan Gunung Jati) ketelahna Uwa (Istilah sunda) oge ngarangkep mitohana kusabab anak Cakra Buana ti Nyimas Kentjana Larang (Nyimas Dalam Pangkungwati) dipigarwa ku Kang Jeng Syekh Syarif Hidayatulloh.  Makamna aya di gigireun makam Sunan Gunung Jati Cirebon. Carita lengkapna aya di "Naskah Serat Cakra Buana", Ki Kuwu Sangkan wafat di taun 1529 Masehi. Dimakamkeun di puncak Gunung Sembung, awalna teu jelas eta Gunung naon?, kusabab dipelakan "Tangkal Sembung" nya katelahna "Gunung Sembung".

Saacan wafat Ki Kuwu Sangkan hoyong di kurburkeun di Gunung Sembung tempat eta mangrupa salah sahiji tempat pesanggahan anjeuna nu kasebat "Astana Nur Giri Cipta Rengga" (perbukitan). Urutan kahiji makam anu aya di komplek Sunan Gunung Jati nyaeta: Makam Sunan Gunung Jati, Makam Putri Ong Tien (Asal Tiongkok, Istri Sunan Gunung Jati). Kadua nyaeta Makam Pangeran Cakra Buana. Pangeran Cakra Buana lahir di Pakuan Pajajaran, Ibuna asli keturunan "Singapura" (Kerajaan Singapura, Subang Karantjang/Subang Larang anak Ki Gedeng Tapa). Di handapeun "Astana Nur Giri Cipta Rengga" aya saluran/walungan leutik disebat "Saluran Condong/Kanal Condong" jaman eta dijadikeun kanggo Pasar Internasional Cirebon, carita Pasar Internasional cirebon dicaritakeun di "Naskah Purwaka Caruban Nagari".

Ngawitan cirebon mangrupa pelabuhan anu terkenal di jamana seueur bangsa sejen anu singgah di Cirebon, kacaritakeun aya saudagar Arab nyandak Putrina anu katelah Siti Syarifah, dipigarwa ku Ki Gedeng Tapa nya lahir putrina anu dipasihan ngaran Nyimas Subang Kerantjang (Subang Larang) geulis andalemi rupana. Nyimas Subang Kerantjang nungtut Ilmu Agama di Karawang (Syekh Hasanuddin/Syekh Quro) pikeun diajar Al-Qur'an sareng Qiro'at, hiji waktu waktos ngalantunkeun ayat-ayat suci Al-Qur'an kadangu ku salah sahiji keturunan Mahkota Galuh namina Pangeran Jayadewata (Dewataprana) nya anjeuna kataji ku lantunan eta ayat-ayat suci Al-Qur'an katambih anu ngalantunkeuna hiji mojang anu geulis, andalemi endah kawanti-wanti.

Di tahun 1427 beliau (Prabu Jayadewata) diangkat menjadi Maha Raja bergelar Sri Baduga Maharaja Ratu Aji di Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu Jayadewata. Ngahijikeun deui dua Karajaan Sunda anu papisah (Galuh sareng Pajajaran). Pernikahan Nyimas Subang Karantjang/Nyimas Subang Larang di pasihan 3 putra/i nyaeta : Cakra Buana(Pangeran Walangsungsang), Dewi Sarika Bunang (nyimas Larasantang) dan Kian Santang(Pangeran Sangara, makamna di kab. Garut). Katilu Putra/i mangrupakeun didikan Karajaan Pajajaran anu mayoritas Agama anu di anut nyaeta Hindu sareng Budha. Kusabab didikan ti Ibuna kuat condong la Agama Islamna tetep putra/i na ngajalankeun Syariat Islam (dina soal agama ngiring ka Ibuna). Hiji waktu tanpa kanyahoan ku pihak kaluarga karajaan utamina Ramana putra/i teureuh Pajajaran miang ngajugjug anu dituju Daerah Karawang (Pasantren Syekh Quro) pikeun diajar syareat Islam khusus ngahatamkeun Al-Qur'an. 

Ramalan sang guru sangat menakjubkan bahwa kelak di kemudian hari Nyimas Larasantang bakal melahirkan Putra yang punjul sebagai seorang wali yang akan menyebarkan  Agama Islam di Wilayah Jawa Barat, khususna Cirebon, Ibuna izin kanu janten caroge Ayahanda ti tilu putra/i supaya diajar di Kesultanan Banten pikeun khusus diajaran Syareat Islam secara serius. Nyimas Subang Kerantjang wafat di Usia 40thn, setelah wafat Ibuna katilu putra/i teureuh Pajajaran teh kaluar ti Karajaan Pajajaran eundeur dalem kerajaan 3 putra/i Pajajaran leungit lir ibarat di leugleug bumi, Ramana (Prabu Dewataprana) ngutus wadia balad Karajaan pikeun milarian putra/i na , Pangeran Cakra Buana sareng 2 Adina ngajugjug ka Kerajaan Singapur (ka Akina Ki Gedeng Tapa). Taun 1444 M Pangeran Cakra Buana sareng adina Nyimas Larasantang munggah haji ngagunakeun kapal dagang ti Pelabuhan Perdagangan Internasional Cirebon, salain ngajalankeun ibadah haji maranehna netep oge memperdalam Syareat Ajaran Agama Islam.

Nyimas Larasantang di pigarwa ku lalaki asal Mesin nyaeta Abdullah Al Zibbi Bin Jamaluddin anu nasabna langsung ka Kang Jeng Nabi Muhammad SAW. Ti pernikahan eta lahir Putra nu dipasihan Nami Syarif Hidayatulloh (kin bakal janten Susuhunan Gunung Jati, Panatagama di Tanah Jawa). Saatos netep di Mekah Pangeran Cakra Buana singgah ka Campa diajar deui syareat Agama Islam salajengna nikah sareng Putri Guruna namina Nyimas Ageng Jamaras. Ngalnjutkeun perjalanan singgah di Aceh ngadopsi putri anu namina Nyimas Ganda Sari. Sadugina di Cirebon Pangeran Cakra Buana ngadameul Padukuhan Cirebon dipiwarang ku Syekh Nurjati di taun 1445M, ti saprak eta dijantenkeun hari jadi Kota Cirebon nu diperingati setiap tanggal 1 Muharram.

Pangeran Cakra Buana diangkat janten Tumenggung (Bupati) taun 1479 ku Ramana Prabu Siliwangi, Pangeran Cakra Buana ngalantik Sunan Gunung Jati janten Raja supaya tiasa misah ti Karajaan Pajajaran tapi sateuacana miwarang ngadameul Pasantren, Sunan Gunung Jati sa'acana di taun 1404M Cirebon ngalaman babak anyar ku henteu ngirim upeti ka Kerajaan Pajajaran oge mutuskeun hubungan sareng Kerajaan Pajajaran. Kerajaan Pajajaran ngirimkeun pasukan sababaraha kali nanging gagal wae. Sapasukan jumlah 40 prajurit, hiji prajurit tiasa ngyangkala/maehan 100 jalma. Disaat nyoba merangan Cirebon para Prajurit Kerajaan Pajajaran di pasihan wejengan ku Pangeran Cakra Buana nya akhirna arabus  Agama Islam. Di usia na ka 97 Pangeran Cakra Buana masih berjuang, sakabeh anu merangana teu karuateun kamasuk adipati sa-pajajaran tiasa di taklukeun ku anjeuna.

Cag Ahh.
Pun sampun paralun anu kasuhun.

spacer