SENI JIBRUT


SAMPURASUN DULUR
Mugia Rahayu Sagung Dumadi.

Bubuka Carita:

SENI JIBRUT kadanguna rada asing jeung peiseurieun pami nilik-nilik atanapi maca eta kalimah, siga jorang, geuleuh jeung sajabana padahal eta teh hiji ciciptaan kolot jaman baheula seni suara anu teu aya tangga nadana ngan saukur keur heureuy timbang sepi bari ngasuh incu atanapi anak. Kolot jaman baheula kadang lamun tos cape gawe sok ngahibur barudak ku permaenan eta "JIBRUT", carana ku nyelapkeun ramo panangan beulah kenca atanapi beulah katuhu kana kelek anu sesaui maksadna pami ramo kenca selapkeun ka kelek katuhu kitu sablikna.

Dupi ngaluarkeun sorana ku ngagerakeun panangan anu naselapan ramo tadi nya bakal kaluar sora pikeseurieun nyaeta "weeekbruutt...weeekbruttt...weekekbruuut...prettss" kaituna mah tah pami nyaliran ngaulinkeuna nadana ngan sakitu pami rada kaharti sorana keudah aya sababaraha urang oge diatur dinya bakal kaharti tangga nadana, kadanguna rada jenaka. 

Balik deui ka tadi kunaon akhirna disada "Presssts" eta kusabab gesekan ramo sareng dingding kelek ngaluarkeun kesang janten jibrug ku kesang nya ngaluarkeun sora akhir "preets" (janten hoyong seuri pribados nulis ieu artikel), memang lamun ku urang di bayangkeun rada lumayan jorok kusabab kesang anu kaluar ditambah gesekan kelek pasti bakal ngaluarkeun aroma anu pahang luar biasa heheheh, biasana eta kesang sok di anggo heureuy ku cara di ambuan boh ku nu maen bahkan lamun nu jail mah sok ka batur.

Nanging urang kedah ngahargaan sakumah eta ngan saukur permaenan ti kolot baheula ku idea jeung heureuyna pasti aya mangfaat kanggo anak incu bahkan nepi ka aya ngaranan nya eta "JIBRUT". Simkuring kungsi ngalaman ngadangu sore ata kantos simkuring nuju alit, pun aki ngawitan maen "JIBRUT" ku lagu jeung jenakana nya simkuring seuri ngagakgak tapi dasar aki mah jail harita keneh nuju simkuring ngagakgak diusap raray simkuring ku eta panangan aki... deuh karasa kitu ningan aromana teh nyaah ...

Tinggal aki ayeuna anu ngagakgak ningali simkuring olohok ngembang kadu ku aromana eta, ku aya-aya wae  eta aki-aki mun ras inget ka jaman eta. Aya flash back katukang ngabayangkeun rupa aki anu keur ngagakgak nyeungseurikeun simkuring, bari harita nini kaluar ti bumi nyarekan aki, hehehe ...

Rasa jeung emutan anu ngacik dina hate jeung fikiran asa brass ningal jaman kapungkur, rekaman anu tos 53 taun teh kabayang deui kumaha rupa aki, nini, bumi aki batok kanggo cikopi oge lalawuhna sabangsa kulub sampeu, ganyol, jeung hui mun di jaman kiwari mah panginten kopi jeung gelasna, roti, tempe goreng, bala-bala. Ku kasederhanaan teu weleh gumujeng, ikhlas jeung tumarima kana takdir ti Gustiu nu Maha Agung tapi teu peugat tina do'a sareng usaha sabab dina nasib Alloh bakal mindahkeun ti hiji kasusah ka hiji kabagjaan, pami teu kitu nya urang kedah tumarima kana takdir ti Gusti Nu Maha Agung.

Cag Ahh.
Hapunten Lahir Sinareng Bathin.



spacer

Mapay Jalan Satapak - Abah Sembur Jagad

SAMPURASUN.
Mugia Rahayu Sagung Dumadi ....


Mpay jalan satapak hartosna jalan leutik nikreuh bade ngajugjug anu di tuju (duka naon tah gumantung kana paniatan). Abah Sembur Jagad, gelar nu ngawakilan "nikreuh" mapay jalan satapak mugia dugi anu di tuju pinagih sareng kabagjaan, mangga wilujeng nongton ieu Video.

Cah Ahh.
Pun sampun paralun anu kasuhun...


spacer

Sisi Gawir Citarum - AbahAli Bin Elang Syairin

SAMPURASUN.
Mugia Rahayu Sagung Dumadi...


Sisi Gawir Citarum, pinggiran tanggul salah sahiji Citarum (Ci = Cai, Tarum=Ngaran Tangkal) biasana sisi gawir dimangfaatkeun kanggo jalma keur activitas sepertpos nguseup, ngiuhan waktu sore atanapi activitas rumah tangga (ngumbah wadah, nyeuseuh, mandi nepi ka miceun kotoran). AbahAli Bin Elang Syairin ngadmeul narasi ngeunaan "Citarum", mugoi-mugi aya manfaat dina narasi anu di bewarakeun.
Mangga wilujeung nongton ieu Video.

Cah Ah.
Pun sampun paralun anu kasuhun.


spacer

Dina Napak Tilas Urang Jadi Dulur - Abah Sembur Jagad


SAMPURASUN
Mugia Rahayu Sagung Dumadi...


"Dina napak tilas urang jadi dulur". Kalimat ieu bakal ngahijikeun baraya anu jauh ngaraketkeun dulur anu deukeut, ngawakilan paniatan anu tos ajeg di bewarakeun salah sahiji sifat anu terpuji, mugia Abah Sembur Jagad kiwari aya dina tansah kawilujeungan.
Mangga wilujeung nonton ieu Video.

Cag ah.
Pun sampun paralun anu kasuhun.


spacer

Kanggo Ambu Niti Sugandi - AbahAli Bin Elang Syairin

SAMPURASUN.
Mugia Rahayu Sagung Dumadi...


Kanggo Ambu Niti Sugandi, maksadna persembahan video ieu nyaritakeun perjuangan kami ti "nol" dugi ka aya hasil ku kersaning Gusti nu Maha Agung, naning perjuangan teu acan rengse ...hayuu ambu urang selesaikeun ieu perjalanan nepi ka hayat di kandung badan, nepi ka nafas ninggalkeun urang. 
Mangga wilujeung Nongton ieu Video.

Cag ah.
Pun sampun paralun anu kasuhun.


spacer

Ngawangkong - Ki Didin Dance Jabrig

SAMPURASUN.
Mugia Rahayu Sagung Dumadi...


Ngawangkong, sok biasa dilakukeun urang sunda ngariung leutikna dua urang, lobana leuwih ti dua orang topik anu di obrolkeun biasana teu leuwih tina lingkungan kelaurag, pangalaman kadang sok ngacapruk (heureuy) memeng kitu sifat jeung tabiat urang sunda beuki heureuy, someah tara payaan. Ki Didin Dance Jabrig salah sahiji lawan ngawangkong.
Mangga wilujeung nonton ieu Video.

Cag ah.
Pun sampun paralun anu kasuhun.


spacer

Hiji Oge "MAUNG" - Abah Incu Aji Nugraha

SAMPURASUN.
Mugia Rahayu Sagung Dumadi...


Hiji Oge "Maung", Mangrupa siloka aya carita di hiji hutan belantara ngumpul sakabeh sasatoan sabangsa marmot, hayam hutan, oray, monyet. ngagulkeun katurunan, ceuk monyet uing mun ngalahirkeun lewih ti hiji, oray urang ge leuwih ti dua, hayam hutan sarua loba, marmot komo. Leugeudeer maung datang bari pok ngomong "Simkuring mah ngan hiji ngalahirkeun teh tapi "Hiji Oge Maung".
Mangga wilujeung nongton ieu Video.

Cag ah.
Pun sampun paralun anu kasuhun.



spacer

Sambutan Penyerahan Mempelai Pria



Assalamu’alaikum warahmatullahi wa barakatuh

Innalhamdalillah nahmatuhu wa nasta’inu wa nastaghfiruh wa naudzubillahi min syururi anfusina wa min syaiati a’malina mayyahdillahu fala mudhilallah wa mayudlil fala hadiyallah. Washolatu wassalamu ‘ala Muhammad wa’ala alihi wa shohbihi wassalim ajma’in. Ama ba’du

YANG KAMI HORMATI,
Kepada Keluarga Bapak WAHIDIN ABUBAKAR dan Ibu YUSNILAWATI  
Kepada Bapak Pejabat Penghulu Setempat, 
Kepada Para Alim Ulama, Para Ustadz/Ustadjah, Para Sesepuh Tokoh Masyarakat, Para Pemuda, Keamanan serta Para Hadirin/Hadirot Undangan yang hadir pada kesempatan ini.

Puji syukur marilah kita panjatkan kehadirat Alloh SWT yang telah mencurahkan rahmat nikmat dan hidayah-Nya sehingga pada kesempatan pagi yang berbahagia ini kita masih diberi kesempatan untuk berkumpul menghadiri bahkan menjadi saksi moment yang sakral dan membahagiakan antara dua insan manusia yaitu akad nikah antara Saudara SYAHID ASHAR Putra dari Bapak ASMADI (Almarhum) dan Ibu AYATI (Almarhumah) dengan Saudari JUWITA RAMAYANA Putri dari Bapak WAHIDIN ABUBAKAR dan Ibu YUSNILAWATI 

Sholawat serta salam semoga selalu dicurahkan kepada junjungan kita Nabi Besar Muhammad Rosululloh SAW, kepada keluarganya, sanak saudaranya, para sahabatnya dan seluruh pengikutnya hingga akhir zaman. Amien yaa Allah yaa rabbal 'alamin.

Kepada Keluarga Besar Bapak WAHIDIN ABUBAKAR dan Ibu YUSNILAWATI yang saya hormati, ijinkan kami disini bertutur merangkai kata sebagai penyambung lidah dari Keluarga Besar Bapak ASMADI (almarhum) dan Ibu AYATI (Almarhumah) selaku orang tua dan kerabat dari Saudara SYAHID ASHAR pada kesempatan kali ini menyampaikan :

Pertama kami beserta rombongan Keluarga Besar Bapak ASMADI (Almarhum) dan Ibu AYATI (Almarhumah) mengucapkan terima kasih yang sebesar besarnya atas sambutan hangat dan luar biasa atas kedatangan kami dipagi hari ini. Sehingga jauhnya perjalanan dan Lelah dibadan akan menjadi "Lillah" dan amat sangat berbahagia.

Selanjutnya adapun maksud dan tujuan kedatangan kami jauh jauh dari Pulau Jawa, Tepatnya Tg. Priok - Jakarta Utara menempuh jarak yang tidak dekat melewati jalan berliku menerobos kemacetan dan menyebrangi Selat Sunda adalah tidak lain dan tidak bukan untuk memenuhi permintaan Anak kami SYAHID ASHAR dalam rangka memenuhi perintah atau sunnah Rosulullah SAW dan untuk menyempurnakan keimanan dan keislamanya yaitu membangun keluarga yang sakinah mawwadah warrahmah untuk melahirkan generasi yang sholeh dan sholehah bersama tambatan hatinya yaitu Saudari JUWITA RAMAYANA yang merupakan putri dari Bapak WAHIDIN ABUBAKAR dan Ibu YUSNILAWATI 

"Ibarat buah sudah matang dipohon kalau tak dipetik busuk jadinya kalau terlambat dicuri orang,  berhubung telah datang kesempatan yang bagus maka jangan sampai disia-siakan."

Untuk memenuhi maksud itulah dengan ini kami serahkan sepenuhnya dari ujung rambut hingga ujung kaki, lahir dan batin  Anak Kami yang bernama: SYAHID ASHAR BIN ASMADI (Almarhum) Kepada Bapak WAHIDIN ABUBAKAR untuk dapat segera dinikahkan dengan Putri Bapak WAHIDIN ABUBAKAR dan Ibu YUSNILAWATI  yang bernama Saudari JUWITA RAMAYANA BINTI WAHIDIN ABUBAKAR

Tidak lupa juga kami sampaikan sedikit buah tangan atau oleh-oleh yang kami bawa mohon jangan dilihat dari besar atau nilai harganya tetapi lebih kepada maksud dan harapan kami yaitu sebagai tanda ketulusan dan untuk mempererat hubungan tali kekeluargaan antara keluarga besar kedua mempelai.

Dan pada akhirnya kami rombongan dari keluarga besar calon mempelai pria mohon maaf yang sebesar-besarnya apabila kedatangan kami mengganggu ketenangan dan ada ucapan atau perilaku kami sedari kedatangan hingga kepulangan nanti ada yang kurang berkenan dihati dari keluarga besar Bapak WAHIDIN ABUBAKAR dan Ibu YUSNILAWATI dan juga para hadirin sekalian.

Istilah kata tak ada gading yang tak retak, manusia tempatnya salah dan khilaf untuk itu apabila dari perilaku dan tutur kata kami ada yang salah dan kurang berkenan mohon kiranya dimaafkan, akhirul kata:

Billahi taufik wal hidayah akhirul kalam wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Selesai, Sekian Terima Kasih.

spacer

Nyukcruk Galur Cipanon Indung - Saparakanca

SAMPURASUN.
Mugia Rahayu Sagung Dumadi.


Nyukcruk Galur Cipanon Indung, ngamimitian ku ripuh ngambah leuwing ngaliwat rupa-rupa anu ngahalangan utamina niat anu ajeg-panjeg pikeun manggihan "Kolot" silaturahmi sasakala katukang anu beda dialaman jaman ku jaman kiwari. Panggihna kolot mangrupa hiji kabagjaan teu penting naon jeung kumaha lalampahan di leuweung nepi ka brehna Padepokan Cipanon Indung (Uyut Soleh Bin Akan, Alm.)
Mannga wilujeung nonton ieu Video.

Cag Ah.
Pun sampun paralun anu kasuhun, mugia uyut sing janten husnul khotimah.
aaamiin Allohumma aamiin.


spacer

Tasyakur bi'nikmah Pupuhu Sumedang - Saparakanca

SAMPURASUN.
Mugia Rahayu Sagung Dumadi.


Tasykur bi'nikmah Pupuhu Sumedang (Abah Asep), Hirup dunya ngan saukur saumur jagong hakekatna ceuk itungan, manusa diwajibkeun saling SABA pikeun silaturahmi manjangkeun perjalanan hirup, niat anu hade pikeun pribadi khusna, kanggo baraya umumna bakal ageung mangfaatna.
Mangga wilujeung Nonton ieu Video.

Cah ah.
Pun sampun paralun anu kasuhun.


spacer

SABADESA TANDANG MAKALANG - LAMBANG KAJAYAAN

SAMPURASUN.
Mugia Rahayu Sagung Dumadi.


PATAKA SILOKA JEUNG LAMABAG "PAGUYUBAN SABDA DESA - CIPANON INDUNG", ANU DISILOKAKEUN KU KAMI DINA PANTUN KARYA "MANG AYI".
Mangga Wilujeung Nonton ieu Video.

Cag ah.
Pun sampun paralun anu kasuhun.




spacer

SATURUNAN PANGGIH KU TEKNOLOGI



SAMPURASUN BARAYA
Mugia rahayu sagung dumadi.

Bubuka carita:
Kamajuan teknologi jaman kiwari tos teu aya deui batasana pikeun dimanfaatkeun kanggo balarea ti komunikasi ngalangkungan sora, gambar, tulisan, video oge video confrence atanapi sering disingkat "VC" jarak teu aya masalah informasi ti tek-tek dugi ka benget tiasa di akses ku kamajuan tekhnologi jaman kiwari.

Rupi-rupi media sosial anu tiasa di anggo kanggo komunikasi sepertos telpon, sms, messanger, twitter, path, whatsup oge fecebook. Sadaya bentuk komunikasi mangrupakeun gabungan dua system teknologi nyaeta teknologi telekomunikasi sareng teknologi system informasi (ngolah data ngajadikeun gambar jeung sajabana nu disebat "Digital Technology"). Ti jaman ka jaman ieu tehnologi teras berkembang ku ayana para ahli pikeun kasejahteraan manusa dina hirup jeung kahirupan di alam pawenangan.

Pami urang flash back ka jaman kapungkur jaman nini aki urang teu maido tekhnologi samacam eta tos aya gambarana, ngan leuwih kana spritualisasi. Dumasar jaman pra-teknologi, nu aya kieuna oge masih katingal kasar. Teknologi sora jeung gambar (Radio, TV) masih dianggap teknologi nu paling aheng di jaman eta, can aya anu disebat telpon mah ngan dina nilai nilai spriritual tos aya gambaran samacam khabar anu hoyong katampa tinu jauh, ku kabersihan hate oge olah bathin jarak anu jauh tiasa di monitor kaayaana. Tah kiwari mah tos di buktikeun ku para ahli ngajadikeun sababaraha alat nu di guar ku pribados di luhur.

Aya kocap kolot baheula kieu ceunah  Tah kabukti di jaman kiwari."Jang engke mah bakal aya nu gelo ginding, seuseurian sorangan bari mamawa alat". Handphone anu jadi primadona teknologi kominikasi anu ngabuktikeun kocap kolot tadi, naha kitu sok pala wargi tingal di jalan, di warung, di sabudeuren urang kadang sok aya jalma bari nyepeng eta alat (Handpon) seuseurian sorangan (maca whatsup, jeung messenger) malah mandar manadar aya nu cacalawakan/nyanyi (smule), nyata luar biasa ramalan kolot urang baheula.

Dina ngaguar ieu masalah kamajuan teknoplogi tiasa janten kahadean oge sabalikna, teu hadena gumanatung pribadi masing-masing dina mangfaatkeun eta teknologi. Hiji kajadian pribados (pribados ge penggemar teknologi sosial media diantarana facebook jeung whatsup), kieu caritana:

Pribados gaduh akun facebook active, dina beranda umum aya status nu teu pira ngan dua tilu baris ngeunaan banjir di salah sahiji Provinsi Jawa Barat tepatna Bandung Selatan Wilayah Dayeuh Kolot Kampung Parung Halang. Setiap banjir di sabudeureun wilayah eta sok leuwih tinu sejen narima eta wabah caina kusabab bahula na salah dina tata ruang ngeunaan wilayah eta pen.

Pribados harita males status anu di dameul ku salah sahiji akun, teu pira ngan nyobaan nitipkeun pun raka supaya di longok (heureuy tadina mah dasarna ku nyebat kampung anu ku pribados di jelaskeun di luhur). Kumaha kondisina alesan pribados eta anu gaduh akun teh salah sahiji anggota LSM di wilayah eta, nya pribados guntereng silih males dina eta rohangan. Dina salah sahiji caritaan asa nyangked ka salah sahiji turunan di wilayah eta, saterasna pribados ngamimitian muka sejarah oge katurunan.

Alloh SWT maha kuasa oge tos kitu panginten kedahna eta anu gaduh akun teh salah sahiji buyut ti turunan Kampung eta pami dirunut ku pribados, pribados teh katelahna "UWA" kanu gaduh akun/status eta. Subhannaloh "SATURUNAN PANGGIH KU TEKNOLOGI" . Tah salah sahiji mangfaat tina media sosial pami urang bener-bener ngelola kanggo kamaslahatan hasilna malah mandar janten leuwih ti sakadar bersosialisai janten tiasa nyaketkeun nu jauh oge ngaraketkeun anu caket ku perkembangan teknologi kiwari.



Sakitu ti Abah, cag ahh ...
Hapunten lahir sinareng batin.




spacer

PANTUN NGAHIANGNA PAJAJARAN

"Sri Baduga Maharaja Ratu Aji di Pakuan Pajajaran Sri Sang Ratu Jayadewata"

UGA WANGSIT SILIWANGI

SAMPURASUN BARAYA
Mugia rahayu sagung dumadi.


Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!

Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.”

Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!

Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak!

Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!

Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!

Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.

Engké bakal réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.

Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.

Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!

Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui lalakon.

Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.

Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran.

Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan……………………….. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.

Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.

Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato!

Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.

Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawéné!

Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.

Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!

Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!



Cag Ahh, 
Hapunten lahir sinareng batin.



spacer

SADAUN SATANGKAL


SAMPURASU BARAYA
Mugia rahayu sagung dumadi.

Aya sabagian jalma sadaun satangkal (saturunan) papendak dina salah sahiji sosial media (FB, WhatsUp), Asa teu payeus ngajawab "status biasa" dibawa kukurilingan nu ahirna ngahubungkeun sareng ajaran syareat agama padahal tos sami-sami safaham, di fikiran jadi sok hayang seuri macana oge. Laju simkuring mikir dina jero manah ieu jalma tujuana rek kamana? masihan terang, mamatahan apa bade nguji?

Ahh di tuturkeun wee ku simkuring teh bari macaan, oge sakapeung ngabalesan nu kaharti mah. Anjeuna cumarita ngeunaan Raja Sumedang Larang sareng turunana, Eyang Syarif Hidayatulloh  dugi ka turunan Kasepuhan Cirebon, Siloka Sapu Nyere dugi ka Itungan Falakakiah. Ari muarana mah ka "Islam, Iman, Jeung Ihsan" simkuring senyam senyum nyalira dina eta kasimpulan cobi emutan ku pala wargi dina susunan eta kata nu ditulis ku mamntena bener kitu mulaina tina "Islam, Iman Jeung Ihsan", atanapi Mulai tina Iman, jeung saterusna ....cobi buka buku tentang pelajaran Agama Islam?

Mudah-mudahan ieu hiji kasalahan teu di haja ku sumangetna ngajawab pertarosan simkuring. Kontrol diri penting kanggo ngimbengkeun emosi dina kaayaan naon bae oge. Emosi anu kakontrol bakal mawa kana nilai positif boh dina pergaulan, boh dina usaha boh dina sagala upaya kahirupan di lingkungan masyarakat oge di dunia maya (Facebook).

Agama mengrupa hiji pedoman/ageman/petunjuk ari hartos na agama teh "Damai/Salamet" atanapi pami di guar hartosna agama (a=tara; gama=kacau) janten bener katentuana yen setiap agama dijantenkeun pedoman/ageman/petunjuk dina ieu hirup jeung kahirupan wal hasil kedah kalakuana "bener" sabab tadi pan hartosnage "Teu kacau alias bener" pami masih aya dua jalmi marebutkeun masalah dalil nepi ka dordar pasea eta jalmi hartosna teuacan bener dina nyepeng eta ageman walaupun duanana ahli ngolah agama tetep aya dina hiji karuksakan sabab agama/kapercayaan teh sumberna ajarana aya dina kitab suci sedengkeun kitab suci mangrupa kumpulan cariosan (firman) Alloh SWT. Teu payeus nu nyiptakeun kitab suci anu ngan hiji2na sumber ajaran dijadikeun perdebatan sadaya kitab suci anu diturunkeun ku Gusti ngandung harti ajaran kanggo kasalametan umat manusa salila gumelendang di alam dunya. 

Allah SWT Maha Kawasa ku diturunkeuna mamala di alam dunya oge papada manusa, papada hewan, papada iblis pikeun cocoba saeusi alam dunya. Dina eta cocoba bakal kajaring mana nu bener mana nu salah kecuali iblis saparakanca ieu mah tos ijab kabul ka Gusti bakal janten penghuni naraka sareng pala wargi anu ngiringna. Salah datangna ti urang, bener mungguhing Alloh anu kagungan bener.

Urang lajengkeun neraskeun hanca carita nudi luhur janten saolah-olah eta jalma asa gede hulu sagala rupa katerangan ngaggo siloka (babasaan meh teu kaharti ku umum) teu nyalahkeun nanging kedah malapah gedang dina sagala rupina caritaan anu saukur carita di caritakeun deui bari teu apal asal-usulna ngan saukur potongan-potongan carita bakal nimbulkeun nilai fiktif kusabab eta mangkade dina medar sagala rupi pasualan ngeunaan sajarah para inohong, tatar sunda, jati diri oge agama kedah faham dina sagala rupina. Tah kukituna mending an janten pendengar anu satiap tanya mun teu faham jawab anu bisa kajawab berdasarkan informasi anu jelas sumberna.



Sakitu ti abah, cag ahh
Hapunten Lahir sinareng batin.




spacer